William Henry Harrison
William Henry Harrison (9 Pébruari 1773Citakan:Spnd4 April 1841) nyaéta présidén Amérika Sarikat ka-9, anu ngajabat ti 4 Maret dugi ka 4 April 1841, masa jabatan pangpondokna dina sajarah Amérika Sarikat. Anjeunna ogé janten présidén munggaran anu pupus nalika nuju ngajabat, anu ngabalukarkeun krisis konstitusi samentara, jalaran suksési présidén harita tacan diatur sacara jéntré dina Konstitusi AS. Harrison mangrupa présidén terakhir anu lahir salaku subjek nagara Inggris di wilayah Tilu Belas Koloni. Anjeunna mangrupa anggota ti kulawarga Harrison ti Virginia Benjamin Harrison V, anu mangrupa salah saurang Founding Father AS. Putrana sorangan, John Scott Harrison, nyaéta ramana Benjamin Harrison, présidén AS anu ka-23.
| William Henry Harrison | |
|---|---|
| Portrait, 1840 | |
| President of the United States ka-9th | |
| Masa jabatan March 4, 1841 – April 4, 1841 | |
| Wakil Presiden | John Tyler |
| Saméméhna | Martin Van Buren |
| Sanggeusna | John Tyler |
| United States Minister to Gran Colombia | |
| Masa jabatan February 5, 1829 – September 26, 1829 | |
| Présidén | |
| Saméméhna | Beaufort Taylor Watts |
| Sanggeusna | Thomas Patrick Moore |
| Sénator Amérika Sarikat ti Ohio | |
| Masa jabatan March 4, 1825 – May 20, 1828 | |
| Saméméhna | Ethan Allen Brown |
| Sanggeusna | Jacob Burnet |
| Anggota Senat Ohio ti Distrik Hamilton County | |
| Masa jabatan December 5, 1819 – December 2, 1821 | |
| Saméméhna | Ephraim Brown |
| Sanggeusna | Ephraim Brown |
| Anggota Dewan of Perwakilan AS dari distrik Citakan:Ushr Ohio | |
| Masa jabatan October 8, 1816 – March 3, 1819 | |
| Saméméhna | John McLean |
| Sanggeusna | Thomas R. Ross |
| 1st Governor of the Indiana Territory | |
| Masa jabatan January 10, 1801 – December 28, 1812 | |
| Diangkat ku | John Adams |
| Saméméhna | Office established |
| Sanggeusna | Thomas Posey |
| Citakan:Br entries | |
| Masa jabatan October 3, 1799 – May 14, 1800 | |
| Saméméhna | Constituency established |
| Sanggeusna | William McMillan |
| 2nd Secretary of the Northwest Territory | |
| Masa jabatan June 28, 1798 – October 1, 1799 | |
| Gubernur | Arthur St. Clair |
| Saméméhna | Winthrop Sargent |
| Sanggeusna | Charles Willing Byrd |
| Katerangan lian | |
| Gumelar | 9 Februari 1773 Charles City County, Virginia, British America |
| Pupus | 4 April 1841 (yuswa 68) Washington, D.C., U.S. |
| Pasaréan | Harrison Tomb State Memorial |
| Partéy pulitik |
|
| Pameget/istri | Anna Symmes (m. 1795) |
| Murangkalih | 10 with Anna, including John, 2 alleged with Dilsia, including Marie Harrison |
| Pagawéan |
|
| Tanda tangan | |
| Pangabdian militér | |
| Layanan/cabang |
|
| Lila ngabdi |
|
| Réngking | Major general |
| Unit | Legion of the United States |
| Komando | Army of the Northwest |
| Patempuran/perang | Citakan:Tree list |
| Anugrah | |
Harrison lahir di Charles City County, Virginia. Dina taun 1794, anjeunna milu ancrub dina Battle of Fallen Timbers, hiji kameunangan militer Amérika anu mungkas Northwest Indian War. Dina taun 1811, anjeunna mingpin kakuatan militer ngalawan Tecumseh's confederacy dina Battle of Tippecanoe, anu matak anjeunna meunang julukan "Old Tippecanoe". Anjeunna ditaékkeun pangkatna janten mayor jenderal dina Angkatan Darat salami War of 1812, sarta mingpin pasukan infanteri jeung kavaleri Amérika kana kameunangan dina Battle of the Thames di Upper Canada.
Karier pulitik Harrison dimimitian dina taun 1798, kalayan pangangkatan salaku sekretaris Northwest Territory. Dina taun 1799, anjeunna kapilih salaku delegasi non-voting wilayah éta dina U.S. House of Representatives. Anjeunna janten gubernur Indiana Territory anu nembé dibentuk dina taun 1801 sarta, ngaliwatan sababaraha pajangjian jeung suku-suku pribumi Amérika, anjeunna meunangkeun jutaan héktar lahan pikeun nagara. Saatos Perang 1812, anjeunna pindah ka Ohio di mana, dina taun 1816, anjeunna kapilih pikeun ngawakilan distrik ka-1 nagara bagian éta di DPR. Dina taun 1824, anjeunna kapilih janten anggota U.S. Senate, sanajan mangsa jabatan Sénatna kapeugat ku pangangkatanana salaku mentri plenipotentiary ka Gran Colombia dina taun 1828.
Harrison mulang deui kana kahirupan pribadi di Ohio dugi ka anjeunna janten salah saurang tina opat calon Whig Party dina pamilihan présidén AS 1836, anu harita anjeunna éléh ku urang Démokrat Martin Van Buren. Dina pamilihan présidén 1840, partéy nyalonkeun deui anjeunna, kalayan John Tyler salaku pasanganana, dina handapeun slogan kampanye "Tippecanoe and Tyler Too", sarta Harrison hasil ngéléhkeun Van Buren. Ngan tilu minggu saatos pelantikanana, Harrison kaserang panyakit sarta pupus sababaraha dinten saatosna. Saatos réngséna kateujelasan dina konstitusi ngeunaan suksési, Tyler janten présidén. Harrison émut ku sabab pajangjian-pajangjianana sareng pribumi Amérika, sarta ogé taktik kampanye pamilihanana anu kréatif. Anjeunna sering dileungitkeun dina peringkat sajarah présidén Amérika Sarikat alatan pondokna mangsa jabatan anjeunna.
Masa leutik sarta atikan
éditWilliam Henry Harrison mangrupa anak katujuh sarta pangbungsuna ti Benjamin Harrison V jeung Elizabeth (Bassett) Harrison. Lahir dina 9 Pébruari 1773, di Berkeley Plantation, bumi kulawarga Harrison ti Virginia di sisi Walungan James di Charles City County,[1] anjeunna janten Présidén Amérika Sarikat terakhir anu henteu lahir salaku warga nagara Amérika.[2] Kulawarga Harrison nyaéta kulawarga pulitik nonjol katurunan Inggris anu karuhunna parantos aya di Virginia saprak taun 1630-an.[3] Ramana mangrupa saurang juragan kebon "planter" di Virginia, anu ngabdi salaku delegasi dina Kongrés Kontinental sarta nandatanganan Déklarasi Kamerdikaan.[3] Ramana ogé ngabdi dina législatur Virginia sarta janten gubernur Virginia kalima (1781–1784) salami sarta saatos mangsa Perang Révolusi Amérika.[3] Lanceuk Harrison, Carter Bassett Harrison, ngawakilan Virginia dina DPR (1793–1799).[4] William Henry mindeng nyebut dirina salaku "anak révolusi", jalaran anjeunna memang digedékeun di bumi anu jarakna ngan 30 mi (48 km) ti tempat Washington meunangkeun perang ngalawan Inggris dina Battle of Yorktown.[5]
Harrison dididik di bumi "tutored" dugi ka yuswa 14 taun nalika anjeunna sakola di Hampden–Sydney College, hiji paguron luhur Presbyterian di Hampden Sydney, Virginia.[3][6] Anjeunna diajar di dinya salami tilu taun, nampi atikan klasik anu ngawengku basa Latin, Yunani, Perancis, logika, sarta debat.[7][8] Ramana anu nganut Épiskopalian mindahkeun anjeunna ti paguron luhur éta, kamungkinan kusabab alesan kaagamaan, sarta saatos cicing samentara di hiji akademi di Southampton County, Virginia, sarta sareng lanceukna Benjamin Harrison VI di Richmond, anjeunna angkat ka Philadelphia dina taun 1790.[9]
Ramana pupus dina musim semi taun 1791, sarta anjeunna diasuh ku Robert Morris, saurang sobat dalit kulawargana di Philadelphia.[10] Anjeunna diajar kedokteran di Universitas Pennsylvania. Nalika di Penn, anjeunna diajar sareng Benjamin Rush, salah saurang "founding father" Amérika Sarikat anu ogé profesor kimia sareng kedokteran di Penn, sarta William Shippen Sr.[10] Lanceukna William Harrison mewariskeun sadaya kabeungharan ramana, sahingga William kakirangan waragad pikeun neraskeun sakola kedokteranana, anu tétéla anjeunna ogé henteu pati mikaresep widang éta.[5] Anjeunna kaluar ti Penn, sanajan arsip sakola nyatet anjeunna salaku "alumnus non-lulusan ti kelas sakola kedokteran Penn taun 1793".[10] Ku ayana pangaruh ti sobat ramana, Gubernur Henry Lee III, anjeunna ngamimitian karier militerna.[11]
Karier militer awal
éditDina tanggal 16 Agustus 1791, dina jero waktu 24 jam saatos pendak sareng Lee, William Harrison anu yuswana 18 taun diangkat janten ensign dina Angkatan Darat Amérika Sarikat sarta ditugaskeun ka First American Regiment.[12] Anjeunna mimitina ditugaskeun di Fort Washington, Cincinnati di Northwest Territory di mana angkatan darat harita nuju kalibet dina Northwest Indian War anu nuju lumangsung.[13] Penulis biografi William W. Freehling nyebutkeun yén Harrison ngora, dina tindakan militer munggaranana, ngumpulkeun sakitar dalapan puluh urang nu sok néangan hiburan sarta nu sok nyieun kaributan ti jalanan Philadelphia, ngolo maranéhna sangkan nandatanganan surat pendaptaran militer, sarta mawa maranéhna ka Fort Washington.[5]
Karier militer awal
éditDina tanggal 16 Agustus 1791, dina jero waktu 24 jam saatos pendak sareng Lee, William Harrison anu yuswana 18 taun diangkat janten ensign dina Angkatan Darat Amérika Sarikat sarta ditugaskeun ka First American Regiment.[12] Anjeunna mimitina ditugaskeun di Fort Washington, Cincinnati di Northwest Territory di mana angkatan darat harita nuju kalibet dina Northwest Indian War anu nuju lumangsung.[13] Penulis biografi William W. Freehling nyebutkeun yén Harrison ngora, dina tindakan militer munggaranana, ngumpulkeun sakitar dalapan puluh urang nu sok néangan hiburan sarta nu sok nyieun kaributan ti jalanan Philadelphia, ngolo maranéhna sangkan nandatanganan surat pendaptaran militer, sarta mawa maranéhna ka Fort Washington.[5]
Harrison ditaékkeun pangkatna janten lieutenant saatos Mayor Jenderal "Mad Anthony" Wayne nyepeng paréntah pasukan bagian kulon dina taun 1792, saatos kéléhan anu kacida parahna di handapeun Arthur St. Clair.[12] Dina taun 1793, anjeunna janten aide-de-camp Wayne sarta meunangkeun kaparigelan pikeun mingpin hiji pasukan di wilayah wates ("frontier");[6] anjeunna milu ancrub dina kameunangan Wayne anu nangtukeun dina Battle of Fallen Timbers tanggal 20 Agustus 1794, anu mungkas Perang Indindia Kulon Kalér.[14] Anjeunna nampi pangajén kieu ti Wayne pikeun kalungguhanana dina éta perang: "Kuring kudu nambahkeun ngaran Aide-de-camp kuring anu satia tur gagah... Létnan Harrison, anu... méré palayanan anu pangpentingna ku cara nepikeun paréntah kuring ka unggal madhab... sikep sarta kawani anu ngahudangkeun sumanget pasukan pikeun ngahontal kameunangan."[5] Harrison mangrupa salah saurang anu nandatanganan Pajangjian Greenville (1795), salaku saksi pikeun Wayne, negosiator utama pikeun AS.[12] Dina katangtuan éta pajangjian, koalisi urang Indindia nyerahkeun sabagian tina lahan maranéhna ka pamaréntah féderal, anu muka dua per tilu wilayah Ohio pikeun padumukan.[15][16]
Nalika ibuna pupus dina taun 1793, Harrison mewariskeun sabagian ti harta kulawargana di Virginia, kalebet sakitar 3,000 acres (12 km2) lahan sarta sababaraha urang budak beulian ("slaves"). Anjeunna nuju ngabdi dina Angkatan Darat harita sarta ngical lahan éta ka lanceukna.[17] Harrison ditaékkeun pangkatna janten captain dina bulan Méi 1797 sarta ngundurkeun diri tina Angkatan Darat dina ping 1 Juni 1798.[18]
Pernikahan sarta kulawarga
éditHarrison patepang sareng Anna Tuthill Symmes ti North Bend, Ohio dina taun 1795 nalika anjeunna yuswa 22 taun. Anna téh putri ti Anna Tuthill sareng Hakim John Cleves Symmes, anu kantos ngabdi salaku kolonél dina Perang Révolusi sarta salaku wawakil dina Kongrés Konfédérasi.[19] Harrison nyuhunkeun idin ka hakim kanggo nikah ka Anna nanging ditolak, sahingga ieu pasangan téh ngantosan dugi ka Symmes angkat kanggé urusan bisnis. Maranéhna tuluy kawin lari sarta nikah dina ping 25 Nopémber 1795, di bumi Stephen Wood di North Bend, bendahara Téritori Kulon Kalér.[20] Maranéhna bulan madu di Fort Washington, jalaran Harrison harita masih kénéh ngalaksanakeun tugas militer.[21]
Hakim Symmes nyanghareupan anjeunna dua minggu saatosna dina jamuan perpisahan kanggé Jenderal Wayne, kalayan teugeug nanyakeun kumaha anjeunna bakal nganapkahan kulawarga. Harrison ngajawab, "ku pedang kuring, sarta ku leungeun katuhu kuring sorangan, Juragan".[22] Ieu pernikahan téh méré kauntungan kanggé Harrison, sabab ahirna anjeunna bisa ngamangpaatkeun hubungan mertuana sareng para spékulan tanah, anu ngagampangkeun anjeunna kanggé kaluar tina angkatan darat. Karagu-raguan Hakim Symmes ka anjeunna tetep aya, sakumaha anu ditulis ku anjeunna ka hiji sobatna, "Anjeunna teu bisa ngubaran (dokter), teu bisa méré pambélaan (pengacara), teu bisa ogé hutbah, sarta upami anjeunna bisa nguluku mah kuring bakal sugema."[5] Hubunganana ahirna janten saé sareng mertuana, anu saatosna ngajual lahan saluareun 160 acres (65 ha) di North Bend ka kulawarga Harrison, anu ngamungkinkeun Harrison kanggé ngawangun bumi sarta ngamimitian tatanén.[21] Anna mindeng gering salami pernikahan maranéhna, utamana alatan mindengna kakandungan, nanging anjeunna hirup 23 taun langkung lami batan William, sarta pupus dina ping 25 Pébruari 1864, dina yuswa 88 taun.[7][23] Kulawarga Harrison gaduh sapuluh putra:
- Elizabeth Bassett (1796–1846)
- John Cleves Symmes (1798–1830), anu nikah ka hiji-hijina putri Zebulon Pike anu salamet
- Lucy Singleton (1800–1826)
- William Henry Jr. (1802–1838)
- John Scott (1804–1878), ramana calon présidén AS Benjamin Harrison[24]
- Benjamin (1806–1840)
- Mary Symmes (1809–1842)
- Carter Bassett (1811–1839)
- Anna Tuthill (1813–1865)
- James Findlay (1814–1817)[25]
Profesor Kenneth R. Janken, dina biografi Walter Francis White, ngaku yén Harrison gaduh genep putra ti saurang awéwé Amérika-Afrika anu diperbudak kasebat Dilsia sarta, sateuacan nyalonkeun janten présidén, mikeun opat di antarana ka lanceukna kanggé nyingkahan skandal. Ieu pernyataan téh dumasar kana sajarah lisan kulawarga White.[26][27] Dina biografi Harrison taun 2012, panulis Gail Collins ngajelaskeun yén ieu téh carita anu sigana moal leres, sanajan White percaya yén éta téh bener.[28]
Karier pulitik
éditHarrison ngamimitian karier pulitikna nalika anjeunna ngundurkeun diri samentara tina militer dina ping 1 Juni 1798, sarta ngayakeun kampanye di kalangan babaturan katut kulawargana pikeun meunangkeun kalungguhan dina pamaréntahan Téritori Kulon Kalér.[12] Sobat dalitna, Timothy Pickering, harita nuju ngajabat salaku Sekretaris Nagara, sarta dibarengan ku pangaruh ti Hakim Symmes, anjeunna dirékoméndasikeun pikeun ngagentos Winthrop Sargent, sekretaris téritori anu nuju lungsur jabatan.[5] Présidén John Adams ngangkat Harrison kana éta jabatan dina bulan Juli 1798.[12] Pagawéan nyatet sagala kagiatan téritori téh karasana kacida ngabosankeunana, sarta teu lami anjeunna janten bosen, tuluy nyiar kasempetan pikeun nempatan posisi dina Kongrés AS.[29]
Kongrés AS
édit
Harrison gaduh seueur réngréngan sobat di kalangan aristokrat Wétan sarta gancang meunangkeun reputasi di antara maranéhna salaku pamingpin wilayah wates ("frontier"). Anjeunna ngajalankeun usaha tatanén sarta panyatuaan kuda anu suksés, anu matak anjeunna meunangkeun pangaku-ngaku di sakuliah Northwest Territory.[12] Kongrés parantos netepkeun kawijakan téritori anu ngabalukarkeun luhurna harga lahan, hiji pasualan utama pikeun para padumuk di Téritori éta; Harrison janten jawara maranéhna pikeun nurunkeun éta harga. Populasi Téritori Kulon Kalér ngahontal jumlah anu cukup pikeun gaduh delegasi kongrés dina Oktober 1799, sarta Harrison maju dina pamilihan.[32] Anjeunna ngayakeun kampanye pikeun ngarojong migrasi salajengna ka éta téritori, anu ahirna ngabalukarkeun parobahan status janten nagara bagian.[33]
Harrison ngéléhkeun Arthur St. Clair Jr. pikeun janten delegasi kongrés munggaran Téritori Kulon Kalér dina taun 1798 dina yuswa 26 taun, sarta ngabdi dina Kongrés ka-genep Amérika Sarikat ti 4 Maret 1799 dugi ka 14 Méi 1800.[34][35] Anjeunna teu gaduh wewenang pikeun méré sora (voting) dina rancangan undang-undang, nanging diidinan pikeun ngabdi dina komite, ngajukeun panerapan, sarta aub dina debat.[36] Anjeunna janten pupuhu Komite Lahan Publik sarta ngamajukeun "Land Act of 1800", anu ngagampangkeun pameseran lahan Téritori Kulon Kalér dina kapling anu langkung alit kalayan harga anu langkung mirah.[32] Para nu gaduh lahan diidinan meuli kapling leutik kalayan artos panjer (DP) ngan lima persén, sarta ieu janten faktor penting dina kamekaran populasi Téritori anu gancang.[37]
Harrison ogé boga peran penting dina ngatur babagian Téritori janten dua bagian.[32] Bagian wétan tetep kawanoh salaku Téritori Kulon Kalér sarta ngawengku wilayah anu ayeuna janten Ohio sareng bagian wétan Michigan; bagian kulon dingaranan Indiana Territory sarta ngawengku wilayah anu ayeuna janten Indiana, Illinois, Wisconsin, sabagian kulon Michigan, sarta sabagian wétan Minnesota. Dua téritori anyar ieu sacara resmi diadegkeun dumasar hukum dina taun 1800.[38]
Dina ping 13 Méi 1800, Présidén John Adams ngangkat Harrison salaku gubernur Téritori Indiana, dumasar kana hubunganana sareng wilayah kulon sarta sikep pulitikna anu katingalna nétral.[39] Anjeunna ngabdi dina jabatan ieu salami dua belas taun.[40] Jabatan gubernurna dikonfirmasi ku Sénat sarta anjeunna ngundurkeun diri ti Kongrés pikeun janten gubernur téritori Indiana munggaran dina taun 1801.[32][41]
Gubernur téritori Indiana
éditHarrison ngamimitian tugasna dina ping 10 Januari 1801, di Vincennes, puseur dayeuh Téritori Indiana.[42] Présidén Thomas Jefferson sareng James Madison mangrupa anggota Partéy Démokratik-Républik, sarta maranéhna ngangkat deui anjeunna janten gubernur dina taun 1803, 1806, sarta 1809.[32] Dina taun 1804, Harrison ditugaskeun pikeun ngokolakeun pamaréntahan sipil di Distrik Louisiana. Anjeunna ngajalankeun urusan distrik éta salami lima minggu dugi ka Téritori Louisiana sacara resmi diadegkeun dina ping 4 Juli 1805, sarta Brigadir Jenderal James Wilkinson nyepeng tugas salaku gubernur.[43]
Dina taun 1805, Harrison ngawangun bumi gaya perkebunan caket Vincennes anu dingaranan Grouseland, salaku panghormat kana manuk-manuk anu aya di éta lahan.[19] Bumi anu gaduh 26 kamar éta mangrupa salah sahiji wangunan bata munggaran di téritori kasebat;[44] sarta janten puseur kahirupan sosial katut pulitik di téritori salami anjeunna ngajabat gubernur.[45] Harrison ngadegkeun hiji universitas di Vincennes dina taun 1801, anu diresmikeun janten Universitas Vincennes dina ping 29 Nopémber 1806.[46] Puseur dayeuh téritori ahirna dipindahkeun ka Corydon dina taun 1813, sarta Harrison ngawangun bumi kadua di deukeut Harrison Valley.[47]
Tanggung jawab utama Harrison nyaéta kanggé kéngingkeun hak milik atas lahan Indindia anu bakal ngamungkinkeun padumukan di mangsa hareup sarta ningkatkeun populasi téritori, anu janten sarat kanggé janten nagara bagian. Anjeunna ogé sumanget kanggé ngalegaan téritori kusabab alesan pribadi, jalaran nasib pulitikna kabeungkeut kana robahna status Indiana janten nagara bagian.[5] Salami anjeunna kéngingkeun kauntungan tina spékulasi tanah kanggé kapentingan pribadina, sarta miboga dua usaha panggilingan, anjeunna diaku salaku administrator anu saé, kalayan ayana perbaikan anu signifikan dina jalan sarta infrastruktur sanésna.[5]
Nalika Harrison diangkat deui janten gubernur téritori Indiana dina ping 8 Pébruari 1803, anjeunna dipasihan wewenang anu langkung lega kanggé ngayakeun rundayan sarta mutuskeun pajangjian sareng urang Indindia.[32] Pajangjian St. Louis (1804) sareng Quashquame meryogikeun suku Sauk sareng Meskwaki kanggé nyerahkeun sabagian ageung wilayah kulon Illinois sarta sabagian Missouri. Seueur urang Sauk anu teu rido kana leungitna éta lahan, utamana pamingpin maranéhna, Black Hawk.[48] Harrison mikir yén Pajangjian Grouseland (1805) parantos ngademkeun sabagian urang Indindia, nanging kaayaan tetep panas di wilayah wates. Pajangjian Fort Wayne (1809) nimbulkeun katéngtréman anyar nalika Harrison mésér langkung ti 2.5 million acres (10,000 km2) ti suku Potawatomi, Delaware, Miami, sareng Eel River. Sababaraha urang Indindia mangmang kana wewenang suku-suku anu milu dina éta pajangjian.[49] Harrison ogé tiasa ngajalankeun rupa-rupa urusan tanpa ditaros deui ku pamaréntah, jalaran administrasi pindah tangan ti Jefferson ka Madison.[5]
Anjeunna ngalaksanakeun prosés pajangjian sacara agrésif, nawarkeun subsidi ageung ka suku-suku sarta pamingpin maranéhna, supados kéngingkeun dukungan pulitik ti Jefferson sateuacan anjeunna lungsur jabatan.[50] Panulis biografi Freehling negeskeun yén urang Indindia nganggap kapamilikan tanah téh milik babarengan, sapertos hawa anu diseuseup. Dina taun 1805, Harrison hasil kéngingkeun dugi ka 51.000.000 héktar lahan kanggé nagara ti urang Indindia, saatos nyuguhan lima kapala sukuna ku inuman keras, kalayan harga teu langkung ti sadolar per 20.000 héktar Citakan:USDCY, anu ngawengku dua per tilu wilayah Illinois sarta sabagian ageung Wisconsin jeung Missouri.[5]
Salian ti nimbulkeun katéngtréman sareng urang Indindia, sikep Harrison anu ngarojong perbudakan ngajantenkeun anjeunna teu dipikaresep ku para abolisionis di Téritori Indiana, jalaran anjeunna nyobian pisan ngamajukeun perbudakan di éta téritori. Dina taun 1803, anjeunna ngalobi Kongrés kanggé nunda samentara salami sapuluh taun Pasal VI tina Ordonansi Kulon Kalér anu ngalarang perbudakan di Téritori Indiana.[51] Sanajan Harrison negeskeun yén panundaan éta diperyogikeun kanggé ngadorong padumukan sarta ngajantenkeun téritori mandiri sacara ékonomi sarta siap janten nagara bagian, usul éta gagal.[52] Alatan gagalna panundaan Pasal VI, dina taun 1807 législatur téritori, kalayan dukungan Harrison, ngesahkeun undang-undang anu ngawenangkeun "indentured servitude" (pagawé beulian kontrak) sarta masihan wewenang ka dunungan kanggé nangtukeun lami waktos damelna.[53]
Présidén Jefferson, nu nulis utama Ordonansi Kulon Kalér, ngayakeun pajangjian rasiah sareng James Lemen kanggé ngéléhkeun gerakan pro-perbudakan anu dirojong ku Harrison.[54] Anjeunna nyumbang $100 kanggé ngadorong Lemen dina gerakan abolisi sareng padamelan saé sanésna, sarta saatosna (dina taun 1808) nyumbang deui $20 Citakan:USDCY kanggé ngabantosan waragad garéja anu kawanoh salaku Bethel Baptist Church.[54] Di Indiana, diadegkeunana garéja anti-perbudakan ngadorong warga kanggé nandatanganan pétisi sarta ngayakeun gerakan pulitik kanggé ngéléhkeun usaha Harrison dina ngalégalkeun perbudakan di téritori.[54]
Téritori Indiana ngayakeun pamilihan kanggé majelis luhur sareng handap législatur kanggé munggaranana dina taun 1809. Harrison mendakan dirina teu sapamadegan sareng législatur saatos golongan abolisionis nyepeng kakawasaan, sarta bagian wétan Téritori Indiana tumuwuh janten wilayah anu seueur populasi anti-perbudakanana.[43] Majelis umum Téritori ngayakeun sidang dina taun 1810, sarta faksi anti-perbudakan langsung ngabatalkeun undang-undang "indentured servitude" anu sateuacanana disahkeun.[55] Saatos taun 1809, législatur Indiana nyepeng wewenang anu langkung ageung sarta téritori éta maju nuju status nagara bagian.[rujukan?]
Jenderal Angkatan Darat
éditTecumseh sareng Tippecanoe
éditLalawanan urang Indindia kana ékspansi Amérika ngahontal puncatna di handapeun lulugu dua sadulur suku Shawnee, Tecumseh sareng Tenskwatawa ("Sang Nabi"), dina konflik anu kawanoh salaku Perang Tecumseh.[56] Tenskwatawa ngayakinkeun suku-suku yén maranéhna bakal dijaga ku Roh Agung sarta moal aya bahaya anu ninggang upami maranéhna ngalawan para padumuk. Anjeunna ngadorong lalawanan ku cara nitah suku-suku sangkan mayar padagang bule ngan satengah tina hutangna sarta miceun sagala cara hirup jalma bule, kalebet pakéan, sanjata musket, sarta utamana inuman keras (whiskey).[56] Harrison nampi béja ngeunaan ieu lalawanan ti mata-mata anu diteundeun di jero suku-suku éta, sarta ménta Madison kanggé ngawaragadan persiapan militer. Madison lila mutuskeunana, sarta Harrison nyobian ngayakeun rundayan ku cara ngintunkeun serat ka Tecumseh anu unina, "Blue Coats (prajurit AD AS) kami leuwih loba ti batan nu bisa kairit ku anjeun, sarta baju moro kami (milisi sukaréla) loba lir ibarat dangdaunan di leuweung atawa keusik di sisi walungan Wabash."[5]

Dina Agustus 1810, Tecumseh mingpin 400 prajurit nyorang Walungan Wabash kanggé papendak sareng Harrison di Vincennes. Maranéhna dangdos make cet perang, sarta jolna anu ujug-ujug téh mimitina mah nyieun miris para prajurit di Vincennes.[57] Para pamingpin éta kelompok dianteur ka Grouseland, tempat maranéhna panggih jeung Harrison. Tecumseh nyarékan Harrison anu dianggapna sok nganggap réntéh, sarta keukeuh yén Pajangjian Fort Wayne téh teu sah, kalayan alesan yén hiji suku teu bisa ngajual tanah tanpa aya kasatujuan ti suku-suku séjénna. Anjeunna ménta Harrison kanggé ngabatalkeunana sarta ngingetkeun yén urang Amérika ulah nyoba nempatan lahan anu dijual dina éta pajangjian.[5] Tecumseh ogé ngabéjaan Harrison yén anjeunna parantos ngancam bakal maéhan kapala-kapala suku anu nandatanganan pajangjian upami maranéhna ngajalankeun eusina, sarta nyebutkeun yén konpédérasi sukuna nuju tumuwuh gancang.[58] Harrison ngajawab yén unggal suku téh nu boga lahan masing-masing sarta bébas ngajualna sakahayangna. Anjeunna nolak klaim Tecumseh yén sakabéh urang Indindia téh hiji bangsa sarta nyebutkeun yén unggal suku bisa boga hubungan misah jeung Amérika Sarikat. Harrison boga pamadegan yén lamun enya Indindia téh hiji bangsa, tangtu Roh Agung bakal nyieun sakabéh suku nyarita dina hiji basa anu sarua.[58]
Tecumseh ngaluarkeun "bantahan anu kacida sumangetna", dumasar kana basa saurang sejarawan, nanging Harrison teu ngalarti kana basana.[58] Tecumseh tuluy ngagorowok ka Harrison sarta nyebutna tukang bohong.[5] Saurang urang Shawnee anu mihak ka Harrison nyiapkeun pistulna ti sisi kanggé méré tanda ka Harrison yén pidato Tecumseh bakal mawa kaributan, sarta sababaraha saksi ngalaporkeun yén Tecumseh nuju ngahudangkeun sumanget para prajuritna kanggé maéhan Harrison. Seueur di antarana mimiti ngaluarkeun sanjata, anu janten ancaman nyata kanggé Harrison sarta éta kota anu pangeusina ngan 1.000 urang. Harrison nyabut pedangna, sarta para prajurit Tecumseh mundur nalika para perwira militer ogé nyiapkeun sanjata kanggé ngabéla Harrison.[58] Kapala Suku Winamac anu bageur ka Harrison males argumén Tecumseh, mépéndé para prajurit sangkan baralik kalayan tengtrem sakumaha maranéhna datang kalayan tengtrem. Sateuacan angkat, Tecumseh ngabéjaan Harrison yén anjeunna bakal nyiar aliansi jeung Inggris upami Pajangjian Fort Wayne teu dibatalkeun.[59] Saatos éta pasamoan, Tecumseh indit nepungan loba suku di wilayah éta kalayan harepan bisa nyieun hiji konpédérasi kanggé merangan Amérika Sarikat.[60]
Harrison hariwang yén peta Tecumseh bakal ngancam status nagara bagian Indiana, sarta ogé masa depan pulitikna, ku cara ngantepkeun éta wilayah janten "pancicingan sababaraha urang biadab anu sangsara".[5] Nalika Tecumseh nuju iinditan dina taun 1811, anjeunna masrahkeun kakuatan Indindia ka Tenskwatawa. Harrison ningali ieu salaku kasempetan, sarta méré saran ka Sekretaris Perang William Eustis kanggé mintonkeun kakuatan ka konpédérasi Indindia.[61] Sanajan parantos 13 taun teu turun ka médan perang, Harrison hasil ngayakinkeun Madison jeung Eustis kanggé méré wewenang paréntah ka anjeunna.[5] Anjeunna mingpin pasukan ka kalér kalayan 950 urang prajurit kanggé nyingsieunan suku Shawnee sangkan daék damai, nanging suku-suku éta kalah ngalakukeun serangan dadakan dina wanci subuh ping 7 Nopémber dina Battle of Tippecanoe.[62] Harrison bales narajang sarta hasil ngéléhkeun kakuatan suku-suku éta di Prophetstown di sisi walungan Wabash jeung Walungan Tippecanoe; ieu perang janten kasohor sarta anjeunna dipuji salaku pahlawan nasional. Sanajan pasukanna kaleungitan 62 urang anu palastra sarta 126 tatu, sarta urang Shawnee ngan 150 urang anu jadi korban, nanging visi "sang nabi" ngeunaan panangtayungan gaib téh geus runtag. Tenskwatawa sarta pasukanna kabur ka Kanada, sarta gerakan maranéhna kanggé ngahijikeun suku-suku di wilayah éta dina nolak asimilasi téh gagal.[63][64]
Nalika ngalaporkeun ka Sekretaris Eustis, Harrison ngabéjaan yén aya perang deukeut Walungan Tippecanoe sarta anjeunna memang parantos ngantisipasi serangan éta. Laporan munggaran tacan écés pihak mana anu meunang, sahingga sekretaris nyangka éta téh hiji kéléhan, dugi ka aya laporan susulan anu ngajéntrékeun kaayaanana.[65] Nalika taya serangan kadua, kéléhan Shawnee téh janten beuki pasti. Eustis nanyakeun naha Harrison teu ngayakeun persiapan anu cukup kanggé ngabénténgan kémahna tina serangan awal, sarta Harrison ngajawab yén anjeunna nganggap posisi harita geus cukup kuat. Ieu pacogrégan téh janten bibit masalah antara Harrison sareng Departemén Perang anu nuluy dugi ka mangsa Perang 1812.[66] Freehling nyebutkeun yén kaparigelan Harrison anu tos "karahaan" ngabalukarkeun pasukanna nyieun hawu (api unggun) dina peuting sateuacan perang, anu matak posisi maranéhna katingali ku musuh sarta ngabalukarkeun serangan dadakan katut lobana korban.[5]
Mimitina mah média massa teu pati ngaliput ieu perang, dugi ka aya hiji koran di Ohio anu salah nafsirkeun laporan munggaran Harrison anu dikira éléh.[67] Nanging dina bulan Désémber, lolobana koran utama di Amérika parantos midangkeun carita ngeunaan kameunangan éta, sarta amarah publik ka urang Shawnee beuki ningkat.[68] Urang Amérika nyalahkeun Inggris anu dianggap ngangsonan suku-suku Indindia kanggé ngalakukeun kekerasan sarta nyadiakeun sanjata api, sarta Kongrés ngaluarkeun résolusi anu nyawad Inggris alatan pipilueun kana urusan jero nagara Amérika. Kongrés nyatakeun perang dina ping 18 Juni 1812, sarta Harrison ninggalkeun Vincennes kanggé nyiar kalungguhan militer deui.[69]
Perang 1812
édit
Pecahna perang sareng Inggris dina taun 1812 ngabalukarkeun konflik anu nuluy sareng urang Indindia di wilayah Kulon Kalér. Harrison kungsi ngabdi sakeudeung salaku mayor jenderal dina milisi Kentucky dugi ka pamaréntah ngangkat anjeunna dina ping 17 Séptémber pikeun mingpin Army of the Northwest.[69] Anjeunna nampi bayaran militer féderal pikeun jasana, sarta anjeunna ogé tetep nampi gaji gubernur téritori ti Séptémber dugi ka 28 Désémber, nalika anjeunna sacara resmi ngundurkeun diri tina jabatan gubernur sarta neraskeun pangabdian militerna. Panulis Gugin sarta St. Clair nyebutkeun yén éta pangunduran diri téh dipaksakeun ka anjeunna.[69] Harrison digantikeun ku John Gibson salaku palaksana tugas gubernur téritori.[69]
Urang Amérika nandang kéléhan dina pangepungan Detroit. Jenderal James Winchester nawarkeun pangkat brigadir jenderal ka Harrison, nanging Harrison hoyong nyepeng kakawasaan pinuh atas angkatan darat éta. Présidén James Madison ngalungsurkeun Winchester tina jabatanana dina bulan Séptémber, sarta Harrison janten komandan pikeun para prajurit anu nembé ditarima.[69] Anjeunna nampi paréntah pikeun ngarebut deui Detroit sarta ngahudangkeun sumanget pasukan, nanging mimitina anjeunna nahan diri, jalaran teu kersa rurusuhan mawa perang ka arah kalér.[5] Pasukan Inggris sareng sekutu Indindiana jauh langkung seueur jumlahna dibandingkeun pasukan Harrison, sahingga Harrison ngawangun posisi pertahanan salami usum tiris di sapanjang Walungan Maumee di kalér-kulon Ohio. Anjeunna dingaranan Fort Meigs kanggé ngahormat gubernur Ohio Return J. Meigs Jr. Anjeunna tuluy nampi pasukan bantuan dina taun 1813, mimiti narajang, sarta mingpin angkatan darat ka kalér pikeun perang. Anjeunna kéngingkeun kameunangan di Téritori Indiana sarta Ohio, sarta hasil ngarebut deui Detroit sateuacan nyerang ka Kanada Luhur (Ontario). Pasukanna ngéléhkeun Inggris, sarta Tecumseh palastra, dina ping 5 Oktober 1813, dina Battle of the Thames. Ieu dianggap salaku salah sahiji kameunangan gedé Amérika dina perang éta, kadua saatos Battle of New Orleans, sarta ngukuhkeun reputasi nasional pikeun Harrison.[70][5]
Dina taun 1814, Sekretaris Perang John Armstrong Jr. ngabagi komando angkatan darat, nempatkeun Harrison di hiji pos anu jauh sarta mikeun kadali garis hareup ka salah saurang bawahan Harrison.[71] Armstrong sareng Harrison teu sapamadegan ngeunaan kurangna koordinasi sarta éféktivitas dina invasi ka Kanada, sahingga Harrison ngundurkeun diri tina angkatan darat dina bulan Méi.[72][73] Saatos perang réngsé, Kongrés ngayakeun pamariksaan kana pangunduran diri Harrison sarta nangtukeun yén Armstrong parantos nindak sacara sawenang-wenang ka Harrison salami kampanye militerna sarta pangunduran dirina téh mémang boga alesan anu kuat. Kongrés nganugrahkeun medali emas ka Harrison pikeun jasa-jasana salami perang.[74]
Harrison sareng Gubernur Téritori Michigan Lewis Cass tanggung jawab pikeun ngayakeun rundayan pajangjian damai sareng urang Indindia.[75] Présidén Madison ngangkat Harrison dina bulan Juni 1815 pikeun mantuan rundayan pajangjian kadua sareng urang Indindia anu kawanoh salaku Pajangjian Springwells, di mana suku-suku éta nyerahkeun lahan anu lega di wilayah kulon, nyadiakeun lahan tambahan pikeun pameseran sarta padumukan Amérika.[35]
Kahirupan saatos perang
éditPolitikus Ohio sarta diplomat
édit
Harrison ngundurkeun diri tina angkatan darat dina taun 1814, teu lami sateuacan réngséna Perang 1812, sarta mulang deui ka kulawarga katut tegalanana di North Bend, Ohio.[5] Freehling nyebatkeun yén pengeluaranana harita jauh langkung ageung batan panghasilanana sahingga anjeunna kabeulit hutang, yén Harrison langkung milih "popularitas batan kawajiban" ku cara milarian pujian dina pésta-pésta di New York, Washington, sarta Philadelphia, sarta janten jalma anu moro jabatan.[5] Anjeunna kapilih dina taun 1816 pikeun ngaréngsékeun masa jabatan John McLean di DPR AS, ngawakilan distrik kongrés ka-1 Ohio dugi ka taun 1819. Anjeunna nyobian kéngingkeun jabatan Sekretaris Perang di handapeun Présidén Monroe dina taun 1817 nanging éléh ku John C. Calhoun. Anjeunna ogé teu kabagéan jabatan diplomatik ka Rusia.[5] Anjeunna kapilih janten anggota Sénat Ohio dina taun 1819 sarta ngabdi dugi ka taun 1821, saatos éléh dina pamilihan gubernur Ohio taun 1820.[35] Anjeunna maju dina pamilihan 1822 pikeun DPR Amérika Sarikat, nanging éléh ku James W. Gazlay.[5][76] Anjeunna kapilih janten anggota Sénat AS dina taun 1824, sarta janten pamilih présidén (elector) Ohio dina taun 1820 pikeun James Monroe[77] sarta pikeun Henry Clay dina taun 1824.[78]
Harrison diangkat dina taun 1828 salaku menteri plenipotentiary (utusan pinuh) ka Gran Kolombia, sahingga anjeunna ngundurkeun diri ti Kongrés sarta ngabdi dina jabatan anyarna dugi ka ping 8 Maret 1829.[79] Anjeunna dugi ka Bogotá dina ping 22 Désémber 1828, sarta mendakan kaayaan Kolombia anu matak sedih. Anjeunna ngalaporkeun ka Sekretaris Nagara yén éta nagara nuju aya dina bangbaluh anarki, sarta Simón Bolívar badé janten diktator militer.[79] Anjeunna nyerat serat teguran anu sopan ka Bolívar, nyatakeun yén "pamaréntahan anu pangkuatna nyaéta anu paling bébas" sarta ngajurung Bolívar pikeun ngarojong kamekaran démokrasi. Salaku jawabanana, Bolívar nyerat yén Amérika Sarikat "sigana parantos ditakdirkeun ku Gusti pikeun nyusahkeun Amérika (Latin) kalayan sagala kasangsaraan dina nami kabébasan", hiji ungkapan anu janten kacida kasohorna di Amérika Latin.[79]
Freehling nunjukkeun yén léngkah Harrison di Kolombia téh "goréng sarta mindeng salah", yén anjeunna gagal ngajaga posisi nétral dina urusan Kolombia ku cara sacara kabuka nentang Bolivar, sahingga Kolombia ménta sangkan anjeunna diganti. Andrew Jackson mimiti ngajabat dina Maret 1829, sarta narik deui Harrison supados tiasa nempatkeun jalma pilihanana sorangan dina éta jabatan.[5] Penulis biografi James Hall ngaklaim yén Harrison mendakan ayana despotisme militer di Kolombia sarta yén "pamandangan liberalna, integritas républikna anu teguh, sarta saderhanana papakéan katut paripolahna, kacida kontrasna sareng pamandangan sawenang-wenang sarta paripolah méwah para pajabat publik, sahingga moal mungkin anjeunna janten paporit pikeun maranéhna anu tos ngarebut kakawasaan éta pamaréntahan. Maranéhna sieun yén rahayat bakal ningali bédana antara patriot sajati sareng patriot anu ngan saukur pura-pura, sarta ngamimitian runtuyan intimidasi ka menteri urang, anu ngajantenkeun situasina kacida teu genahna."[80] Pamadegan anu sarupa ngeunaan kaayaan ieu ogé ditepikeun ku panulis biografi Samuel Burr.
Harrison, saatos ninggalkeun jabatanana nanging masih kénéh aya di nagara éta, nyerat serat sakitar sapuluh kaca ka Bolivar, anu dimuat sacara lengkep dina biografi Hall sarta Burr. Éta serat matak ngahéman Hall alatan "prinsip kabébasan anu jero" ti Harrison. Burr ngajelaskeun éta serat salaku "pinuh ku kawijaksanaan, kahadéan, sarta patriotisme... sarta prinsip anu pangmurnina".[80][81]
Rahayat biasa
éditHarrison mulang ka Amérika Sarikat sarta ka tegalanana di North Bend, hirup dina katenangan saatos ampir opat dasawarsa ngabdi ka pamaréntah. Anjeunna henteu ngumpulkeun kabeungharan anu loba salami hirupna, sarta hirup tina tabungan, mancén anu teu sabaraha, sarta panghasilan tina tegalanana. Burr nyutat M. Chavalier, anu pendak sareng Harrison di Cincinnati harita, sarta ngagambarkeun Harrison salaku jalma anu "miskin, gaduh kulawarga anu seueur jumlahna, ditingalkeun ku pamaréntah féderal, nanging jagjag kalayan pamikiran anu merdéka".[82]
Dina bulan Méi 1817, Harrison janten salah saurang anggota pangadeg vestry jemaah Episcopal, Christ Church di puseur kota Cincinnati (ayeuna Christ Church Cathedral).[83] Anjeunna terus ngabdi salaku anggota vestry dugi ka taun 1819, sarta deui dina taun 1824.[83]
Para pangrojong lokal datang mantuan Harrison ku cara ngangkat anjeunna janten Panitera Pangadilan pikeun Hamilton County, di mana anjeunna damel ti taun 1836 dugi ka 1840.[84] Chevalier nyarios, "Rencanganana di bagian wétan nyarioskeun badé ngajantenkeun anjeunna Présidén, sedengkeun di dieu urang ngajantenkeun anjeunna panitera di pangadilan handap."[82] Anjeunna ogé melak jagong sarta ngadegkeun panyatuaan (distillery) pikeun ngahasilkeun wiski, nanging anjeunna nutup éta usaha saatos anjeunna ngaraos kaganggu ku pangaruh buruk alkohol ka para palangganna. Dina biantara payuneun Déwan Pertanian Hamilton County dina taun 1831, anjeunna nyebatkeun yén anjeunna parantos dosa margi ngadamel wiski sarta miharep batur tiasa diajar tina kasalahanana sarta ngeureunkeun produksi inuman keras.[85]
Sakitar waktos ieu, anjeunna pendak sareng tokoh abolisionis sarta konduktor Underground Railroad George DeBaptiste anu linggih di deukeut Madison, sarta duanana janten sobat. Harrison nyerat harita, "urang tiasa ngarep-ngarep datangna hiji poé nalika panonpoé Amérika Kalér moal ningali deui ayana budak beulian."[86] DeBaptiste janten palayan pribadina, sarta saatosna janten pangurus (steward) di Gedong Bodas.[87]
Sanajan dibantah ku sababaraha réngréngan Harrison, Burr nutup catetanana ngeunaan Harrison ku cara ngagambarkeun hiji kajadian, nyaéta resepsi kanggé jenderal éta di Philadelphia dina taun 1836, anu nunjukkeun kumaha populérna Harrison harita. Numutkeun Burr, "Rébuan jalma minuhan darmaga jalan Chesnut nalika anjeunna sumping, sarta ngabagéakeun anjeunna ku surak anu terus-terusan nalika anjeunna mendarat. Anjeunna naék kana barouche (keréta kuda) nanging jalma-jalma maresek ka hareup kalayan kacida sumangetna, sahingga kuda-kudana janten sarieuneun. Aya gerakan pikeun ngaleupaskeun tali kuda nalika Jenderal nyarios ka sababaraha urang sarta nyobian nyegahna; nanging kuda-kuda éta gancang pisan teu kaurus, sahingga kedah dileupaskeun. Aya tali anu dibawa, sarta ditalikeun kana karéta, anu tuluy ditarik ku jalma-jalma ka Marshall House. Ieu tindakan mangrupikeun cetusan spontan ti sapuluh rébu haté anu nganuhunkeun. Urang Pennsylvania kantos perang di handapeun éta pahlawan, sarta maranéhna micinta anjeunna. Urang nyarioskeun hal ieu sacara husus, margi urang janten saksi mata kana sagala anu lumangsung."[88]
Kampanye présidén 1836
éditHarrison mangrupa calon présidén Whig ti bagian kulon dina taun 1836, salah sahiji ti opat calon régional partéy Whig. Calon sanésna nyaéta Daniel Webster, Hugh Lawson White, sareng Willie P. Mangum. Munculna leuwih ti hiji calon Whig téh mangrupikeun upaya pikeun ngéléhkeun Wakil Présidén petahana, Martin Van Buren, anu mangrupa calon Démokrat populér pilihan Jackson.[89] Urang Démokrat nuduh yén ku cara majukeun sababaraha calon, Whig sabenerna hayang nyegah kameunangan Van Buren dina "electoral college", sarta maksa pamilihan sangkan diputuskeun ku DPR.[90] Upami enya aya rencana kitu, nanging éta rencana téh gagal. Harrison nempatan urutan kadua, sarta unggul di salapan ti dua puluh genep nagara bagian dina Uni.[89][90][91]
Harrison maju di sakabéh nagara bagian non-perbudakan iwal ti Massachusetts, sarta di nagara bagian perbudakan sapertos Delaware, Maryland, sarta Kentucky. White maju di sésa nagara bagian perbudakan lianna iwal ti South Carolina. Daniel Webster maju di Massachusetts, sarta Mangum di South Carolina.[92] Van Buren meunangkeun pamilihan kalayan 170 sora éléktoral.[90] Parobahan ngan sakitar 4.000 sora di Pennsylvania sabenerna bisa mikeun 30 sora éléktoral nagara bagian éta ka Harrison, sarta pamilihan téh bakal diputuskeun ku DPR.[93][90][91]
Kampanye présidén 1840
édit
Harrison nyanghareupan petahana Van Buren salaku calon tunggal ti Whig dina pamilihan taun 1840. Partéy Whig ningali Harrison salaku urang kidul pituin sarta pahlawan perang, anu bakal kontras pisan sareng Van Buren anu katingalna angkuh, teu paduli, sarta aristokratik.[89] Anjeunna dipilih ngéléhkeun anggota partéy séjén anu langkung kontroversial, sapertos Clay sareng Webster; kampanyéna nonjolkeun catetan militérna sarta museur kana lemahna ékonomi AS anu diakibatkeun ku Panik 1837.[94]
Urang Whig nyalahkeun Van Buren atas masalah ékonomi sarta néléhkeunana "Van Ruin" (Van Tukang Ruksak).[94] Sabalikna, urang Démokrat ngaléléwé Harrison anu tos sepuh ku sebutan "Granny Harrison, the petticoat general" (Nini Harrison, jenderal samping), jalaran anjeunna ngundurkeun diri tina angkatan darat sateuacan Perang 1812 réngsé. Maranéhna ogé nunjukkeun ka para pamilih yén upami nami Harrison diéjah tibalik bakal janten: "No Sirrah" (Moal, Dunungan). Maranéhna ngagambarkeun anjeunna salaku lalaki sepuh ti kampung anu tinggaleun jaman, anu langkung milih "calik di gubug kaina bari nginum sari apel (hard cider)" batan ngurus pamaréntahan nagara. Ieu strategi téh kalah malik janten pakarang makan tuan nalika Harrison sareng pasanganana, John Tyler, ngajantenkeun gubug kai (log cabin) sarta sari apel (hard cider) salaku simbol kampanye. Kampanyéna ngagunakeun éta simbol dina spanduk sarta postér, malah nyieun botol sari apel anu bentukna sapertos gubug kai, sadayana kanggé ngaitkeun éta calon sareng "rahayat biasa".[95] Freehling nyerat yén, "Hiji koran pro-Van Buren anu kuciwa nyerat saatos kéléhanana, 'Urang parantos ditalukkeun ku nyanyian, ditalukkeun ku kabohongan, sarta ditalukkeun ku inuman.' Dina hiji kalimah, ieu ngagambarkeun prosés pulitik Amérika anu anyar."[96]
Harrison sabenerna asalna ti kulawarga jegud di Virginia anu miboga budak beulian, nanging kampanyéna mintonkeun anjeunna salaku urang wates leuweung anu saderhana dumasar kana gaya anu dipopulérkeun ku Andrew Jackson, bari ngagambarkeun Van Buren salaku elitist jegud.[95] Conto anu paling diinget nyaéta Biantara Séndok Emas (Gold Spoon Oration) anu ditepikeun ku wawakil Whig ti Pennsylvania, Charles Ogle, di DPR, anu ngaléléwé gaya hirup méwah Van Buren di Gedong Bodas sarta pengeluaranana anu hambur.[97] Urang Whig ogé nyiptakeun hiji yel-yel di mana jalma-jalma bakal nyiduhkeun ciduh bako bari ngagorowok "wirt-wirt", sarta hal ieu ogé nunjukkeun bédana antara para calon dina mangsa pamilihan harita:[89]
Urang Whig ngagulkeun catetan militer Harrison sarta reputasina salaku pahlawan dina Perang Tippecanoe. Slogan kampanye "Tippecanoe and Tyler, Too" janten salah sahiji anu pangterahna dina sajarah pulitik Amérika.[98] Nalika Van Buren kampanye ti jero Gedong Bodas, Harrison mah turun langsung ka lapangan, ngahibur rahayat ku cara nirukeun gorowok perang Indindia, sarta hasil ngalihkeun perhatian masarakat tina kasisitan ékonomi nagara. Dina Juni 1840, rapat akbar Harrison di lokasi urut perang Tippecanoe dihadiran ku 60.000 urang.[89] Désa North Bend, Ohio, sarta para alumni Universitas Negeri Ohio (OSU) ngaklaim yén landihan nagara bagian "Buckeyes" asalna tina pesen kampanye Harrison.[99][100] Kampanye Harrison ogé janten korban tina naon anu disebut salaku "Kejutan Oktober" munggaran di éta nagara. Sababaraha poé sateuacan pamilihan, Departemén Kaadilan Van Buren nuduh yén pajabat Partéy Whig parantos ngalakukeun "penipuan anu kacida gedéna sarta jahat," nyaéta ku cara mayar urang Pennsylvania sangkan indit ka New York pikeun milih calon ti Whig dua taun sateuacanana.[101]
Tingkat partisipasi pamilih naék drastis ka angka 80%, 20 poin langkung luhur batan pamilihan sateuacanana.[96] Harrison meunang mutlak dina Electoral College, 234 sora éléktoral ngalawan 60 sora pikeun Van Buren. Selisih sora rahayat (popular vote) mah langkung heureut, nyaéta kirang ti 150.000 sora, sanajan anjeunna unggul di salapan belas ti dua puluh genep nagara bagian.[98][102]
Jabatan Présidén (1841)
éditPelantikan
éditCitakan:Infobox administration

Nalika Harrison sumping ka Washington, anjeunna hoyong némbongkeun yén anjeunna masih kénéh pahlawan Tippecanoe anu tangguh sarta mangrupa lalaki anu langkung terdidik sarta wijaksana batan karikatur urang kampung anu digambarkeun salami kampanye. Anjeunna ngucapkeun sumpah jabatan dina ping 4 Maret 1841, hiji poé anu tiris sarta baseuh.[103] Anjeunna nahan hawa tiris sarta milih kanggé henteu nganggo japo (overcoat) atanapi topi, naék kuda nuju ka upacara agung, sarta tuluy nepikeun biantara pelantikan pangpanjangna dina sajarah Amérika[103] kalayan jumlah 8.445 kecap. Anjeunna meryogikeun waktos ampir dua jam kanggé macakeunana, sanajan sobatna anu sasama urang Whig, Daniel Webster, parantos ngédit éta téks sangkan henteu panjang teuing.[104] Freehling boga pamadegan yén biantara sapertos kieu téh sabenerna mah lumrah harita, sarta ironina téh kacida jero, margi Harrison, "saurang nu saumur hirup moro jabatan, kapilih ku pulitik anu kacida partisan, nanging malah nyawad kadua prakték éta sacara pedes".[105]
Éta biantara pelantikan mangrupa pernyataan lengkep ngeunaan agénda Partéy Whig, panolakan kana kawijakan Jackson sarta Van Buren, sarta hiji-hijina artikulasi formal ti Harrison ngeunaan pendekatanna kana jabatan présidén.[105] Éta biantara dimimitian ku rasa hormat Harrison kana kapercayaan anu dipasrahkeun ka anjeunna:
Citakan:Blockquote Harrison jangji bakal ngadegkeun deui Bank Kadua Amérika Sarikat sarta ngalegaan kapasitas kiréditna ku cara ngaluarkeun mata uang kertas dina Sistem Amérika tatanan Henry Clay.[103] Anjeunna boga maksud kanggé gumantung kana tinimbangan Kongrés dina urusan législatif, sarta ngan bakal ngagunakeun hak véto upami hiji undang-undang dianggap inkonstitusional, sarta bakal ngarobah sistem spoils (pembagian jabatan) gaya Jackson.[105] Anjeunna jangji bakal ngagunakeun kakawasaan kanggé milih staf anu mumpuni, sanés kanggé nguatkeun posisina di pamaréntahan, sarta dina kaayaan naon waé ogé anjeunna moal maju kanggé masa jabatan kadua. Anjeunna nyawad pemborosan kauangan ti pamaréntahan sateuacanana sarta jangji moal pipilueun kana kawijakan kauangan Kongrés. Sacara umum, Harrison jangji kanggé janten présidén anu "lemah", masrahkeun kaputusan ka Kongrés salaku "Cabang Utama", saluyu sareng prinsip Whig.[105][104]
Anjeunna ogé nyabit ngeunaan masalah perbudakan anu nuju panas. Salaku jalma anu miboga budak beulian, Harrison satuju yén nagara bagian gaduh hak kanggé ngatur éta urusan sorangan: Citakan:Blockquote
Nalika badé mungkas biantarana, anjeunna nyelapkeun kapercayaanana kana kabébasan beragama bari nyobian mintonkeun dirina salaku bagian tina aliran kaagamaan utama sanés panyimpang atanapi anggota minoritas: Citakan:Blockquote
Biantara Harrison anu panjang éta méré gambaran anu rada samar ngeunaan naon anu bakal ditawarkeun ku pamaréntahanana ka rahayat Amérika Sarikat. Anjeunna nyatakeun ngan bakal ngajabat hiji périodeu sarta moal nyalahgunakeun hak véto. Harrison nolak nyiptakeun skéma kauangan sorangan kanggé nagara; sabalikna, anjeunna masrahkeun éta sapinuhna ka Kongrés. Anjeunna nolak ngaganggu wilayah Amérika Sarikat Bagian Kidul dina urusan perbudakan. Anjeunna henteu ngabahas ngeunaan tarif sarta distribusi. Anjeunna sakedik pisan nyabit ngeunaan bank nasional, iwal ti nyatakeun yén anjeunna kabuka kana mata uang kertas batan koin logam. Konsép Harrison ngeunaan jabatan présidén téh kacida kawatesna, saluyu sareng idéologi pulitik Whig.[106]
Saatos biantara, anjeunna milu dina parade pelantikan nyorang jalanan,[103] nangtung salami tilu jam kanggé sasalaman di Gedong Bodas, sarta ngahadiran tilu pésta dansa (ball) pelantikan dina peuting éta,[107] kalebet pésta di Carusi's Saloon anu dingaranan pésta "Tippecanoe" kalayan 1.000 tamu anu mayar $10 per urang (sarua sareng $371 dina taun 2025).[108]
Tekanan patronase
éditClay mangrupa pamingpin urang Whig sarta législator anu kawasa, ogé saurang calon présidén anu gagal, sahingga anjeunna miharep boga pangaruh anu ageung dina pamaréntahan Harrison. Anjeunna poho kana jangji partéyna sorangan kanggé ngaleungitkeun sistem "spoils" sarta nyobian mangaruhan tindakan Harrison sateuacan sarta salami jabatanana anu sakedap, utamana dina nyorong jalma-jalma pilihanna kanggé nempatan posisi Kabinét sarta jabatan présidén lianna. Harrison nolak éta tekanan bari nyarios, "Pa Clay, anjeun poho yén sim kuring anu janten Présidén."[109] Ieu pacogrégan beuki panas nalika Harrison milih Daniel Webster salaku Sekretaris Nagara, saingan utama Clay dina ngawasa Partéy Whig. Harrison ogé katingalina masihan sababaraha posisi penting ka para pangrojong Webster. Hiji-hijina konsési kanggé Clay nyaéta milih anak didiuna, John J. Crittenden, kanggé posisi Jaksa Agung. Sanajan kitu, ieu guntreng téh terus nuluy dugi ka pupusna sang présidén.[110]
Clay sanés hiji-hijina jalma anu miharep kauntungan tina kapilihna Harrison. Réwu jalma anu moro jabatan daratang ka Gedong Bodas, anu harita kabuka kanggé saha waé anu hoyong pendak sareng présidén. Sabagéan ageung padamelan Harrison salami sabulan janten présidén téh nyaéta kawajiban sosial sarta nampi tamu di Gedong Bodas. Anjeunna parantos dibilayan kanggé nyusun administrasi sateuacan pelantikan, nanging anjeunna nolak margi hoyong fokus kana acara perayaan. Hasilna, para panyiar damel ngantosan anjeunna unggal waktos sarta minuhan Gedong Eksekutif, bari teu aya prosés kanggé ngatur sarta milih maranéhna.[103]
Dina serat anu kaping 10 Maret, Harrison nyerat, "Sim kuring kacida diganggu ku lobana jalma anu sumping ka sim kuring sahingga sim kuring teu tiasa masihan perhatian anu merenah kana urusan sim kuring sorangan."[111] Marshal AS pikeun Distrik Columbia, Alexander Hunter, nginget hiji kajadian nalika Harrison dikepung ku para pamuru jabatan anu ngahalangan anjeunna nuju ka rapat kabinét; nalika pamentana sangkan maranéhna méré jalan teu dipaliré, Harrison ahirna "nampi petisi maranéhna, anu minuhan leungeun sarta saku bajuna".[112] Carita séjénna nyebutkeun yén lorong-lorong harita kacida pinuhna sahingga kanggé pindah ti hiji rohangan ka rohangan sanésna, Harrison kedah dibantuan kaluar tina jandéla, leumpang di luar gedong, tuluy diasupkeun deui tina jandéla sanésna.[112]
Harrison daria pisan kana jangjina kanggé ngoméan sistem pangangkatan éksekutif, nganjang ka unggal genep departemén kabinét kanggé ningali operasina sarta ngaluarkeun paréntah ngaliwatan Webster yén kampanye ku pagawé bakal dianggap salaku alesan kanggé pamecatanna.[103] Anjeunna nahan tekanan ti sasama urang Whig ngeunaan patronase partisan. Sakelompok jalma sumping ka kantorna dina 16 Maret kanggé nungtut pamecatan sakabéh urang Démokrat tina jabatan anu diangkat, sarta Harrison nyatakeun, "Demi Allah, sim kuring langkung milih ngundurkeun diri tina jabatan batan kedah ngalakukeun kajahatan sapertos kitu!"[113] Kabinétna sorangan nyobian ngabolaykeun pangangkatan John Chambers salaku Gubernur Téritori Iowa demi sobat Webster, James Wilson. Webster nyobian nahan éta kaputusan dina rapat kabinét 25 Maret, sarta Harrison ménta anjeunna macakeun tarik hiji catetan tulis leungeun anu unina saukur "William Henry Harrison, Présidén Amérika Sarikat". Harrison tuluy nangtung sarta nyatakeun: "William Henry Harrison, Présidén Amérika Sarikat, ngawartosan ka aranjeun, para jandral, yén demi Allah, John Chambers bakal janten gubernur Iowa!"[114]
Hiji-hijina kaputusan resmi Harrison sanésna anu penting nyaéta naha kedah ngayakeun sidang istiméwa Kongrés. Anjeunna sareng Clay teu sapamadegan ngeunaan perluna éta sidang, sarta kabinét Harrison kabagi dua, sahingga mimitina présidén nolak éta ide. Clay neken deui dina 13 Maret, nanging Harrison nolak sarta ngawartosan anjeunna sangkan ulah nganjang ka Gedong Bodas deui, sarta kedah ngahubungi anjeunna ngan ngaliwatan tulisan.[115] Nanging, sababaraha poé saatosna, Sekretaris Perbendaharaan Thomas Ewing ngalaporkeun yén dana féderal nuju dina kaayaan sesah sahingga pamaréntah moal tiasa beroperasi dugi ka sidang rutin Kongrés dina bulan Désémber; Harrison ahirna satuju, sarta ngumumkeun sidang istiméwa dina 17 Maret. Éta sidang sabenerna dijadwalkeun dimimitian ping 31 Méi upami Harrison masih kénéh hirup.[116][117]
Pupusna sarta panguburan
édit
Harrison ngarasa lungse sacara fisik alatan lobana pamuru jabatan sarta jadwal sosial anu padet.[106] Anjeunna ogé sering teu maliré kana hawa tiris tungtung usum tiris, mindeng kaluar tanpa nganggo papakéan anu merenah. Saatos nepikeun biantara pelantikan dua jam dina hujan ping 4 Maret tanpa topi atanapi japo, Harrison terus negrakeun dirina kana hawa tiris. Tilu minggu saatosna, dina 24 Maret 1841, Harrison jalan-jalan isuk-isuk ka pasar lokal, deui-deui tanpa japo atanapi topi.[118] Sanajan katarajang hujan dadakan, anjeunna henteu ganti baju nalika mulang ka Gedong Bodas.[119] Dina 26 Maret, Harrison mimiti gering muriang sarta manggil dokterna, Thomas Miller, sanajan anjeunna nyarios ka dokter yén anjeunna ngaraos langkung saé saatos nginum ubar kanggé "kacapéan sarta kahariwang méntal".[119] Isukna, dinten Saptu, dokter dipanggil deui sarta mendakan Harrison di ranjang kalayan "muriang parna", saatos jalan-jalan isuk-isuk deui. Miller nerapkeun param mustar kana beuteungna sarta masihan ubar pancahar hampang, sarta anjeunna ngaraos langkung saé soréna.[119] Jam 4:00 isuk-isuk ping 28 Maret, Harrison ngarasa nyeri parna dina lambungna sarta dokter ngalakukeun bekam (bloodletting); prosésna dieureunkeun nalika denyut nadina turun. Miller ogé nerapkeun gelas panas (cop) kana kulit présidén kanggé ningkatkeun aliran getih.[119] Dokter tuluy masihan minyak jarak sarta ubar kanggé utah, sarta ngadiagnosis anjeunna katarajang pneumonia dina paru-paru katuhu.[119] Tim dokter dipanggil dinten Senén, 29 Maret, sarta mastikeun ayana pneumonia lobus handap katuhu.[120] Harrison tuluy dipasihan laudanum, opium, sarta kamper, bareng jeung anggur sarta brendi.[121]
Teu aya béwara resmi ngeunaan panyakit Harrison, anu nyababkeun spekulasi masarakat. Masarakat Washington mimiti sadar nalika anjeunna henteu katingal angkat ka garéja dinten Minggu.[112] Laporan koran anu tumpang tindih dumasar kana bocoran ti jalma-jalma di Gedong Bodas.[119] Hiji koran Washington ngalaporkeun dina 1 April yén kaséhatan Harrison parantos saé. Padahal sabenerna, kaayaan Harrison beuki parna, sarta anggota Kabinét katut kulawarga dipanggil ka Gedong Bodas—pamajidanna, Anna, masih kénéh aya di Ohio alatan gering.[119] Numutkeun koran di Washington dinten Jumaah, Harrison parantos rada jagjag, sanajan laporan ti Baltimore Sun nyebutkeun kaayaanana "langkung bahaya".[119] Saurang wartawan New York Commercial nyebutkeun yén "rahayat nagara kacida sedihna sarta loba anu ceurik."[119]
Dina wengi 3 April, Harrison katarajang diaré parna sarta mimiti igir-igiran, sarta jam 8:30 peuting anjeunna ngucapkeun kekecapan terakhirna ka dokterna, anu dianggap ditujukeun kanggé Wakil Présidén John Tyler:[119] "Pa, sim kuring hoyong anjeun ngartos kana prinsip sajati pamaréntahan ieu. Sim kuring hoyong éta dilaksanakeun. Sim kuring teu ménta nanaon deui."[122] Harrison pupus dina jam 12:30 isuk-isuk ping 4 April 1841, salapan poé saatos gering sarta pas sabulan saatos sumpah jabatan;[119] anjeunna janten présidén munggaran anu pupus nalika nuju ngajabat.[120] Pamajidanna, Anna, masih di Ohio nuju mereskeun barang kanggé indit ka Washington nalika nampi béwara salakina pupus.[123] Anjeunna henteu kantos pindah ka Gedong Bodas. Minantuna, Jane Irwin Harrison, janten inang (hostess) Gedong Bodas ngagentos Anna salami Harrison janten présidén.[124]
Téori anu kuat harita nyaéta panyakitna disababkeun ku hawa tiris nalika pelantikan tilu minggu sateuacanana.[125] Nanging, Jane McHugh sarta Philip A. Mackowiak ngalakukeun analisis dina Clinical Infectious Diseases (2014), marios catetan Miller anu nunjukkeun yén pasokan cai Gedong Bodas aya di hilireun pembuangan limbah umum, sarta maranéhna nyimpulkeun yén anjeunna kamungkinan ageung pupus alatan syok séptik lantaran "demam enterik" (tipus atanapi paratipus).[126][127]
Mangsa sungkawa salami 30 poé dimimitian saatos pupusna présidén. Gedong Bodas ngayakeun rupa-rupa upacara publik. Upacara panguburan husus undangan ogé dilaksanakeun dina 7 April di East Room Gedong Bodas, saatosna peti Harrison dibawa ka Makam Kongrés di Washington, D.C.[128] Solomon Northup nyaritakeun éta prosési dina buku Twelve Years a Slave:
Dina bulan Juni éta, jasad Harrison dibawa ku karéta api sarta tongkang walungan ka North Bend, Ohio, sarta dikurebkeun dina 7 Juli di puncak Gunung Nebo, anu ayeuna janten William Henry Harrison Tomb State Memorial.[129]
Tyler naék jabatan
éditDina ping 5 April, Fletcher Webster, putra ti Sekretaris Nagara Daniel Webster, méré nyaho ka Tyler yén Harrison parantos pupus nalika nuju ngajabat. Tyler nuju nganjang ka kulawargana di Williamsburg sarta mulang ka Washington dina isuk-isuk ping 6 April.[130] Dina dinten anu sami, Tyler disumpah kanggé ngajabat di payuneun kabinét Harrison, anu sacara resmi ngamimitian masa jabatan présidénna. Dina ping 9 April, Tyler nepikeun biantara pelantikan anu singget. Dina biantara kanggé éta nagara, Tyler henteu masihan ucapan béla sungkawa sacara pribadi ka randa Harrison, Anna, atanapi ka anggota kulawargana. Tyler kalah muji Harrison ku cara nyebatkeun yén Harrison parantos kapilih kanggé "tugas anu agung" nyaéta meresihan pamaréntah féderal tina korupsi.[131] Tyler sareng kulawargana pindah ka Gedong Bodas saminggu saatos pamakaman Harrison, sateuacan mangsa sungkawa 30 poé kanggé Harrison réngsé. Rohangan utama Gedong Bodas harita masih kénéh dipinuhan ku lawon hideung tanda sungkawa.[130][132][124]
Dampak tina pupusna Harrison
édit
Pupusna Harrison narik perhatian kana ayana kerancuan (ambiguitas) dina Pasal II, Bagian 1, Ayat 6 tina Konstitusi Amérika Sarikat ngeunaan suksési jabatan présidén. Konstitusi sacara spésifik nangtukeun yén wakil présidén bakal nyokot alih "Wewenang sarta Tugas ti éta Jabatan" upami présidén ditéwak, pupus, ngundurkeun diri, atanapi teu sanggup ngajabat, nanging henteu écés naha wakil présidén sacara resmi janten présidén Amérika Sarikat, atanapi saukur samentara ngajalankeun wewenang sarta tugas éta jabatan dina kasus suksési.[133]
Kabinét Harrison negeskeun yén Tyler téh "Wakil Présidén anu ngalakukeun tugas salaku Présidén". Tyler tetep pengkuh dina klaimna kana gelar Présidén sarta tekadna kanggé ngagunakeun kakawasaan pinuh tina jabatan présidén.[134] Kabinét ngayakeun konsultasi sareng Ketua Mahkamah Agung Roger Taney sarta mutuskeun yén, upami Tyler ngucapkeun sumpah jabatan présidén, anjeunna bakal janten présidén. Tyler nurut sarta disumpah dina ping 6 April 1841. Kongrés ngayakeun sidang, sarta dina ping 31 Méi 1841, saatos debat singget di kadua kamar (DPR sarta Sénat), ngaluarkeun résolusi gabungan anu mastikeun Tyler salaku présidén kanggé sésa masa jabatan Harrison.[135] Ieu suksési janten Preséden Tyler, anu diturutan dina tujuh kajadian nalika présidén petahana pupus sateuacan ahirna diasupkeun kana Konstitusi dina taun 1967 ngaliwatan Bagian Hiji tina Amandemen ka-25 Konstitusi Amérika Sarikat.[136]
Warisan
éditReputasi sajarah
édit
Salah sahiji warisan Harrison anu paling langgeng nyaéta rangkuyan perjangjian anu dirundingkeun sarta ditarandatangan ku anjeunna sareng para pamingpin Indindia salami janten gubernur téritorial Indiana.[7] Salaku bagian tina rundingan éta, suku-suku asli masrahkeun lahan anu lega di bagian kulon anu nyadiakeun lahan tambahan kanggé dipésér sarta dicicingan ku warga nagara.[35][137]
Dampak jangka panjang Harrison dina pulitik Amérika kalebet metode kampanyéna, anu neundeun pondasi kanggé taktik kampanye présidén modéren.[138] Harrison pupus dina kaayaan ampir teu boga harta, sahingga Kongrés méré sora kanggé masihan mancén randa présidén ka pamajidanna, Anna, gedéna $25.000,[139] nyaéta sagedé gajih sataun Harrison (sarua sareng sakitar $936.000 dina taun 2025). Anjeunna ogé nampi hak kanggé ngintunkeun serat sacara haratis.[140]
Freehling nyebut Harrison salaku "tokoh anu paling dominan dina évolusi téritori Northwest janten wilayah Upper Midwest ayeuna".[141] Harrison, anu yuswana 68 taun nalika dilantik, mangrupa jalma pangsepuhna anu ngajabat présidén AS harita, hiji catetan anu dicepeng ku anjeunna dugi ka taun 1981, nalika Ronald Reagan dilantik dina yuswa 69 taun.[142]
Putra Harrison, John Scott Harrison, ngawakilan Ohio di DPR AS antara taun 1853 sarta 1857.[143] Putu Harrison, Benjamin Harrison ti Indiana, ngajabat salaku présidén ka-23 ti taun 1889 dugi ka 1893, anu ngajantenkeun William sareng Benjamin Harrison hiji-hijina pasangan aki sareng putu anu janten présidén.[144]
Pangajén sarta pangéling-ngéling
éditRupa-rupa monumén sarta patung pangéling-ngéling parantos diadegkeun salaku pangajén kanggé Harrison. Aya patung publik anjeunna di puseur kota Indianapolis,[145] Taman Piatt di Cincinnati,[146] Gedong Pangadilan Tippecanoe County,[147] Harrison County, Indiana,[148] sarta Owen County, Indiana.[149] Seueur ogé distrik (county) sarta kota anu nganggo namina.
Désa North Bend, Ohio, masihan pangajén ka Harrison unggal taun ku ngayakeun parade kanggé ngarayakeun dinten ambal warsihna.[150] Markas Besar Jenderal William Henry Harrison di Franklinton, Ohio, ogé diadegkeun kanggé nginget anjeunna. Éta imah téh mangrupa markas militer anjeunna ti taun 1813 dugi ka 1814.[151] Dina ping 19 Pébruari 2009, United States Mint ngaluarkeun koin kasalapan dina Program Koin $1 Présidén, anu mintonkeun gambar Harrison.[152][153]
![]() |
Tingali ogé
éditRujukan
éditSitiran
édit- ↑ Dowdey 1957, pp. 291–315.
- ↑ "William Henry Harrison". Touring Ohio, Heart of America. Diaksés tanggal November 18, 2021.
- 1 2 3 4 Smith, Howard; Riley, Edward M., éd. (1978). Benjamin Harrison and the American Revolution. Virginia in the Revolution. Williamsburg, VA: Virginia Independence Bicentennial Commission. hlm. 59–65. OCLC 4781472.
- ↑ "Carter Bassett Harrison". Biographical Directory of the United States Congress. U.S. Congress. Diaksés tanggal September 14, 2016.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 Freehling, William (October 4, 2016). "William Henry Harrison: Life Before the Presidency". Charlottesville, Virginia: Miller Center of Public Affairs, University of Virginia. Diaksés tanggal March 8, 2019.
- 1 2 "W. H. Harrison biography". Perrysburg, Ohio. Diaksés tanggal November 13, 2021.
- 1 2 3 Gugin & St. Clair 2006, p. 18.
- ↑ Madison & Sandweiss 2014, p. 45.
- ↑ Owens 2007, p. 14.
- 1 2 3 Rabin, Alex (January 25, 2017). "A Penn graduate in the Oval Office". The Daily Pennsylvanian. Diaksés tanggal April 3, 2019.
- ↑ Langguth 2007, p. 16.
- 1 2 3 4 5 6 7 Gugin & St. Clair 2006, p. 19.
- 1 2 Owens 2007, pp. 14, 16, 22.
- ↑ Owens 2007, pp. 23–26.
- ↑ Nelson, Paul David (1985). Anthony Wayne, Soldier of the Early Republic. Bloomington, IN: Indiana University Press. hlm. 282. ISBN 0253307511.
- ↑ Owens 2007, pp. 21, 28–30.
- ↑ Owens 2007, p. 39.
- ↑ Burr 1840, pp. 67–69.
- 1 2 Madison & Sandweiss 2014, p. 46.
- ↑ Owens 2007, pp. 38–39.
- 1 2 Owens 2007, p. 40.
- ↑ Dole, Bob (2001). Great Presidential Wit: – I Wish I was in this Book. New York: Scribner. hlm. 222. ISBN 978-0-7432-0392-0.
- ↑ Owens 2007, p. 56.
- ↑ "John Scott Harrison". U. S. Congress. Diaksés tanggal January 26, 2022.
- ↑ "William Henry Harrison: Fast Facts". Miller Center of Public Affairs, University of Virginia. September 26, 2016. Diaksés tanggal March 9, 2019.
- ↑ Janken, Kenneth Robert (2003). White: The Biography of Walter White: Mr. NAACP. New York: The New York Press. hlm. 3. ISBN 978-1-5658-4773-6.
- ↑ Phillips, Amber (August 13, 2015). "Warren Harding and 5 other presidents who have faced 'love child' questions". The Washington Post.
- ↑ Collins 2012, p. 103.
- ↑ Greene 2007, p. 44.
- ↑ de Saint-Mémin, Charles Balthazar Julien Fevret (January 1800). "William Henry Harrison, 9th Pres. of United States". Library of Congress. Diaksés tanggal August 5, 2016.
- ↑ "Biographical Sketch–William Henry Harrison". National Park Service. Diaksés tanggal August 5, 2016.
- 1 2 3 4 5 6 Gugin & St. Clair 2006, p. 20.
- ↑ "Indiana Territory" (PDF). The Indiana Historian. Diaksés tanggal November 13, 2021.
- ↑ "William Henry Harrison Biography". About The White House: Presidents. The White House. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal January 22, 2009. Diaksés tanggal November 6, 2021.
- 1 2 3 4 "William Henry Harrison (1773–1841) Biography". United States Congress. Diaksés tanggal February 4, 2009.
- ↑ Owens 2007, pp. 45–48.
- ↑ Langguth 2007, p. 161.
- ↑ Owens 2007, pp. 47–48.
- ↑ Owens 2007, pp. 50–51.
- ↑ "Indiana Territorial Governor". Indiana Historical Bureau. December 15, 2020. Diaksés tanggal November 28, 2021.
- ↑ Owens 2007, pp. 50–53.
- ↑ Owens 2007, p. 53.
- 1 2 Gugin & St. Clair 2006, p. 21.
- ↑ "Grouseland". National Register of Historic Places. Diaksés tanggal November 13, 2021.
- ↑ "Grouseland". Historic Vincennes. Diaksés tanggal November 13, 2021.
- ↑ "History – Vincennes University". Vincennes University. Diarsipkeun ti asli tanggal August 16, 2016. Diaksés tanggal November 8, 2021. Archived Agustus 16, 2016, di Wayback Machine
- ↑ Griffin, Frederick Porter (1972). "National Register of Historic Places Inventory Nomination Form: Corydon Historic District" (PDF). Diaksés tanggal November 30, 2021.
- ↑ Owens 2007, pp. 87–89.
- ↑ "Treaty of Fort Wayne, 1809". Smithsonian Magazine. Diaksés tanggal November 13, 2021.
- ↑ Landry, Alysa (September 13, 2018). "William Henry Harrison: Shady Treaty Maker (quoting Owens)". Indian Country Today. Diaksés tanggal November 14, 2021.
- ↑ Owens 2007, pp. 68–69.
- ↑ Owens 2007, pp. 69–72.
- ↑ "Freedom's Early Ring". Illinois Periodicals Online. Diarsipkeun ti asli tanggal November 8, 2021. Diaksés tanggal December 1, 2021. Archived Nopémber 8, 2021, di Wayback Machine
- 1 2 3 Peck, J. M. (1915). The Jefferson-Lemen Compact. Chicago: Univ. of Chicago Press. Diaksés tanggal March 28, 2010.
- ↑ "A Brief History of Race and Politics in Indiana". Capitol & Washington. February 25, 2021. Diaksés tanggal December 1, 2021.
- 1 2 Langguth 2007, pp. 158–160.
- ↑ Langguth 2007, p. 164.
- 1 2 3 4 Langguth 2007, p. 165.
- ↑ Langguth 2007, p. 166.
- ↑ "Tecumseh". Ohio History Central. Diaksés tanggal November 21, 2021.
- ↑ Langguth 2007, p. 167.
- ↑ Langguth 2007, p. 168.
- ↑ Langguth 2007, p. 169.
- ↑ Pirtle, Alfred (1900). The Battle of Tippecanoe. Louisville: John P. Morton & Co. hlm. 158. ISBN 978-0-7222-6509-3.
- ↑ Owens 2007, pp. 219–220.
- ↑ Dillon, John Brown (1859). A History of Indiana. Bingham & Doughty. hlm. 466–471. ISBN 978-0-253-20305-2.
- ↑ Owens 2007, p. 220.
- ↑ Owens 2007, pp. 220–222.
- 1 2 3 4 5 Gugin & St. Clair 2006, p. 23.
- ↑ Langguth 2007, pp. 257–70.
- ↑ Burr 1840, pp. 232–244.
- ↑ Langguth 2007, pp. 290–291.
- ↑ Gugin & St. Clair 2006, p. 24.
- ↑ "Presidential Series – William H. Harrison". National Guard. Diaksés tanggal June 18, 2020. Archived Séptémber 18, 2020, di Wayback Machine
- ↑ "Treaty with the Wyandots, Delawares, Shawnees, Senecas, and Miamis (1814)". Ohio History Central. Diaksés tanggal December 1, 2021.
- ↑ "A New Nation Votes". Tufts Digital Collections and Archives. January 11, 2012. Diaksés tanggal March 5, 2022.
- ↑ Taylor & Taylor 1899, p. 102.
- ↑ Taylor & Taylor 1899, p. 145.
- 1 2 3 Bolívar 1951, p. 732.
- 1 2 Hall 1836, p. 301.
- ↑ Burr 1840, p. 256.
- 1 2 Burr 1840, p. Appendix.
- 1 2 Morris, J. W. (1969). Christ Church Cincinnati, 1817–1967. Cincinnati Lithographing Ohio Press.
- ↑ "History of the Clerk of Courts Office". Hamilton County Clerk of Courts. Diarsipkeun ti asli tanggal June 14, 2007. Diaksés tanggal December 6, 2011. Archived Juni 14, 2007, di Wayback Machine
- ↑ Burr 1840, pp. 257–258.
- ↑ Schweikart, Larry; Allen, Michael (2004). A Patriot's History of the United States. Norwalk, Conn.: Easton Press. hlm. 233. ISBN 1-59523-001-7.
- ↑ Tobin, Jacqueline L. (2008). From Midnight to Dawn: The Last Tracks of the Underground Railroad. Detroit: Anchor. hlm. 200–209. ISBN 978-1-4001-0354-6.
- ↑ Burr 1840, pp. 264–265.
- 1 2 3 4 5 Freehling, William (October 4, 2016). "William Henry Harrison: Campaigns and Elections". Charlottesville, Virginia: Miller Center of Public Affairs, University of Virginia. Diaksés tanggal January 20, 2022.
- 1 2 3 4 "U.S. Presidential Election of 1836". Britannica. Diaksés tanggal January 20, 2022.
- 1 2 Shepperd, Michael. "How Close Were The Presidential Elections?". Michigan State University. Diaksés tanggal February 11, 2009.
- ↑ Ershkowitz, Herbert B. (2020). American Presidential Campaigns and Elections. New York: Routledge. ISBN 978-1-3154-9713-6.
- ↑ "USA Election Polls-Pennsylvania 1836". Pennsylvania Election Results Home. Diarsipkeun ti asli tanggal November 17, 2008. Diaksés tanggal January 20, 2022.
- 1 2 Carnes & Mieczkowski 2001, p. 39.
- 1 2 Carnes & Mieczkowski 2001, pp. 39–40.
- 1 2 Freehling, William (October 4, 2016). "William Harrison: The American Franchise". Charlottesville, Virginia: University of Virginia Miller Center. Diaksés tanggal January 22, 2022.
- ↑ Bradley, Elizabeth L. (2009). Knickerbocker: The Myth behind New York. New Brunswick, NJ: Rivergate. hlm. 70–71. ISBN 978-0-8135-4516-5. Diaksés tanggal November 9, 2021.
- 1 2 Carnes & Mieczkowski 2001, p. 41.
- ↑ "Buckeyes?". Village of North Bend. Archived 2025-11-02 di Wayback Machine
- ↑ "Tippecanoe and Buckeyes Too". Ohio State University. August 29, 2016. Diarsipkeun ti asli tanggal May 28, 2022. Diaksés tanggal January 21, 2022. Archived Méi 28, 2022, di Wayback Machine
- ↑ Turley, Jonathan (October 7, 2024). "Jack Smith's October Surprise". Res Ipsa Loquitur. Jonathan Turley. Diaksés tanggal October 7, 2024.
- ↑ Gugin & St. Clair 2006, p. 25.
- 1 2 3 4 5 6 "American Treasures–Harrison's Inauguration". Library of Congress. August 2007. Diaksés tanggal September 21, 2009.
- 1 2 "William Henry Harrison Inaugural Address". Inaugural Addresses of the Presidents of the United States. Bartleby. Diaksés tanggal February 11, 2009.
- 1 2 3 4 Freehling, William (October 4, 2016). "William Harrison: Domestic Affairs". Charlottesville, Virginia: Miller Center of Public Affairs, University of Virginia. Diaksés tanggal January 22, 2022.
- 1 2 McCormick 2002, p. 140.
- ↑ "Inaugural Ball". Joint Congressional Committee on Inaugural Ceremonies. June 10, 2013. Diarsipkeun ti asli tanggal February 25, 2016. Archived Pébruari 25, 2016, di Wayback Machine
- ↑ "Current Value of $10 from 1841". CPI Inflation Calculator. Diaksés tanggal September 16, 2025.
- ↑ "The annexation of Texas". Magazine of American History. VIII (6): 379. June 1882.
- ↑ Remini 1997, pp. 511–515.
- ↑ "Letter from Harrison to R. Buchanan, Esq., March 10, 1841". Shapell Manuscript Foundation. Diarsipkeun ti asli tanggal June 18, 2012. Diaksés tanggal November 9, 2021.
- 1 2 3 Whitcomb, John & Claire (2002). Real Life at the White House: 200 Years of Daily Life at America's Most Famous Residence. New York: Routledge. hlm. 81. ISBN 978-0-415-93951-5.
- ↑ Woollen, William Wesley (1975). Biographical and historical sketches of early Indiana. New York: Ayer Publishing. hlm. 51. ISBN 978-0-405-06896-6.
- ↑ Remini 1997, pp. 520–521.
- ↑ "American History Series: The Brief Presidency of William Henry Harrison". Voice of America News. Diarsipkeun ti asli tanggal January 31, 2009. Diaksés tanggal June 21, 2009.
- ↑ Brinkley, Alan; Dyer, Davis (2004). The American Presidency. Boston: Houghton Mifflin. ISBN 978-0-618-38273-6. Diaksés tanggal June 21, 2009.
- ↑ "Pres. W.H. Harrison, Proclamation 45B–Convening an Extra Session of the Congress". American Presidency Project. Diaksés tanggal November 9, 2021. Archived Januari 3, 2021, di Wayback Machine
- ↑ "William Henry Harrison". American Battlefield Trust. Diaksés tanggal March 8, 2025.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 Shafer, Ronald G. (October 6, 2020). "In 1841 pneumonia killed the president". The Washington Post. Diaksés tanggal December 13, 2021.
- 1 2 Freehling, William (October 4, 2016). "William Henry Harrison: Death of the President". Charlottesville, Virginia: Miller Center of Public Affairs, University of Virginia. Diaksés tanggal March 9, 2019.
- ↑ Collins 2012, p. 123.
- ↑ "William Henry Harrison: Key Events". Charlottesville, Virginia: Miller Center of Public Affairs, University of Virginia. October 7, 2016. Diaksés tanggal March 9, 2019.
- ↑ "Anna T. S. Harrison". The White House. Diaksés tanggal December 13, 2021.
- 1 2 The White House, Anna Tuthill Symmes Harrison
- ↑ Cleaves 1939, p. 152.
- ↑ McHugh, Jane; Mackowiak, Philip A. (March 31, 2014). "What Really Killed William Henry Harrison?". The New York Times. Diaksés tanggal August 27, 2014.
- ↑ McHugh, Jane; Mackowiak, Philip A. (June 23, 2014). "Death in the White House: President William Henry Harrison's Atypical Pneumonia". Clinical Infectious Diseases. 59 (7). Oxford Univ. Press: 990–995. doi:10.1093/cid/ciu470. ISSN 1058-4838. PMID 24962997.
- ↑ "William Henry Harrison Funeral: April 7, 1841". Washington, D.C.: White House Historical Association. Diaksés tanggal March 9, 2019.
- ↑ "William Henry Harrison Memorial". Columbus Ohio: Ohio History Connection. Diaksés tanggal March 9, 2019.
- 1 2 Hopkins, John Tyler and the Presidential Succession
- ↑ John Tyler (April 9, 1841) Upon Assuming the Office of President of the United States
- ↑ McCormick 2002, pp. 141–142.
- ↑ Feerick, John. "Essays on Article II: Presidential Succession". The Heritage Guide to the Constitution. The Heritage Foundation. Diarsipkeun ti vérsi asli pada April 21, 2012. Diaksés tanggal June 12, 2018.
- ↑ "A controversial President who established presidential succession". Constitution Daily. National Constitution Center. March 29, 2017. Diaksés tanggal March 11, 2019.
- ↑ Rankin, Robert S. (Feb 1946). "Presidential Succession in the United States". The Journal of Politics. 8 (1): 44–56. doi:10.2307/2125607. JSTOR 2125607. S2CID 153441210.
- ↑ Abbott, Philip (Dec 2005). "Accidental Presidents: Death, Assassination, Resignation, and Democratic Succession". Presidential Studies Quarterly. 35 (4): 627–645. doi:10.1111/j.1741-5705.2005.00269.x. JSTOR 27552721.
- ↑ Madison & Sandweiss 2014, p. 47.
- ↑ Greene 2007, p. 100.
- ↑ Damon, Allan L. (June 1974). "Presidential Expenses". American Heritage. 25 (4). Diarsipkeun ti asli tanggal January 7, 2009. Diaksés tanggal February 10, 2009. Archived Januari 7, 2009, di Wayback Machine
- ↑ "First Lady Biography: Anna Harrison". National First Ladies Library. 2009. Diarsipkeun ti asli tanggal October 9, 2018. Diaksés tanggal February 11, 2009. Archived Oktober 9, 2018, di Wayback Machine
- ↑ Freehling, William (October 4, 2016). "William Henry Harrison: Impact and Legacy". Charlottesville, Virginia: Miller Center of Public Affairs, University of Virginia. Diaksés tanggal March 9, 2019.
- ↑ Freehling, William (October 4, 2016). "William Henry Harrison: Life In Brief". Charlottesville, Virginia: Miller Center of Public Affairs, University of Virginia. Diaksés tanggal March 8, 2019.
- ↑ "Harrison, John Scott, (1804–1878)"..
- ↑ Calhoun 2005, pp. 43–49.
- ↑ Greiff 2005, pp. 12, 164.
- ↑ "The Harrison Monument, Cincinnati". The Monumental News. 8 (7). July 1896.
- ↑ Greiff 2005, p. 243.
- ↑ Greiff 2005, p. 131.
- ↑ Greiff 2005, p. 206.
- ↑ "William Henry Harrison Birthday Tribute". Village of North Bend, Ohio. Diaksés tanggal November 10, 2021. Archived Juni 24, 2025, di Wayback Machine
- ↑ National Register of Historic Places Registration Form. File Unit: National Register of Historic Places and National Historic Landmarks Program Records: Ohio, 1964 – 2013. National Park Service. Diarsipkeun ti asli tanggal February 25, 2021. Diaksés tanggal May 17, 2020.
- ↑ "The United States Mint Coins and Medals Program". United States Mint. Diarsipkeun ti asli tanggal August 8, 2016. Diaksés tanggal July 28, 2016. Archived Agustus 8, 2016, di Wayback Machine
- ↑ "Circulating Coins Production Figures". U.S. Mint. Diaksés tanggal July 28, 2016.
Bibliografi
édit- Calhoun, Charles William (2005). Benjamin Harrison: The 23rd President 1889–1893. The American Presidents. Vol. 23. New York: Macmillan. ISBN 978-0-8050-6952-5.
- Carnes, Mark C.; Mieczkowski, Yanek (2001). The Routledge Historical Atlas of Presidential Campaigns. Routledge Atlases of American History. New York: Routledge. ISBN 978-0-415-92139-8.
- Cleaves, Freeman (1939). Old Tippecanoe: William Henry Harrison and His Time. New York: Charles Scribner's Sons. ISBN 978-0-9457-0701-1.
- Collins, Gail (2012). William Henry Harrison: The 9th President, 1841. New York: Henry Holt and Co. ISBN 978-0-8050-9118-2.
- Greene, Meg (2007). William H. Harrison. Breckenridge, CO: Twenty-First Century Books. ISBN 978-0-8225-1511-1.
- Greiff, Glory-June (2005). Remembrance, Faith and Fancy: Outdoor Public Sculpture in Indiana. Indianapolis: Indiana Historical Society Press. ISBN 978-0-87195-180-9.
- Gugin, Linda C.; St. Clair, James E., éd. (2006). The Governors of Indiana. Indianapolis: Indiana Historical Society Press and the Indiana Historical Bureau. ISBN 978-0-87195-196-0.
- McCormick, Richard P. (2002). "William Henry Harrison and John Tyler". Dina Graff, Henry (éd.). The Presidents: A Reference History (Édisi 7th). Macmillan Library Reference USA. hlm. 139–151. ISBN 978-0-684-80551-1.
- Remini, Robert V. (1997). Daniel Webster: The Man and His Time. W.W. Norton & Company. ISBN 0-393-04552-8.




