Pager
Pager nyaéta jajaran awi, kai atawa beusi jeung salianna ti éta anu disaruakeun luhurna dina wates pakarangan, kebon atawa taman pikeun ciri jeung supaya ulah aya anu arasup kitu baé.[1]
Pager nu dijieun tina kai (Duk. Westtown) | |
| Bahan Utama | Kai atawa Awi |
|---|---|
| Fungsi Utama | Pamatas lahan, kaamanan, jeung hiasan |
| Perenahna | Sakuriling imah atawa kabon |
| Status Budaya | Arsitéktur Tradisional |
Harti kata pager kapanggih ogé dina terjemahan kecap “suk” (nu disusun ku huruf-huruf jeung rarangken aksara swara Ibrani: Sin-Sureq-Kaf), anu diturunkeun tina akar kecap indung SK (Samekh-Kaf).Hufur Samekh dina piktografi Ibrani kuno nyaéta gambar cucuk anu ngalambangkeun ide panyalindungan, ana pon huruf Kaf nyaéta gambar dampal leungeun anu ngalambangkeun ide pikeun nutup.[2] Gabungan éta dua gambar téh ngandung harti “pikeun nutupan anu sifatna jadi panyalindungan”.[2]
Cara Ngarawat Pager
éditPalakiah Nyingkahkeun Panarajang Rinyuh
éditSangkan Pager teu Bulukan
éditPikeun nyingkahan panarajang jamur, nalika rék mulaskeun cét, hadéna mah kai téh dilapisan heula ku teka oil anu warnana natural.[3] Éta lapisan téh diulaskeun sabada kaina dihampelas. Iwal ti bisa ngingkahkeun panarajang jamur, ieu lapisan téak oil téh boga mangpaat pikeun ngawétkeun warna kai sangkan teu robah.[3]
Sangkan Henteu Kucel
éditKagunaan
éditSalian ti keur pamatas lahan, pager ogé boga fungsi séjén:
- Kaamanan: Nangtayungan taneman ti sato kawas hayam, embé, atawa babi leuweung.
- Estetika: Pager anu disusun rapih bisa nambahan kageulisan buruan imah.
- Privasi: Sangkan kagiatan di jero buruan teu pati katingali ku jalma anu ngaliwat di jalan.

Réferénsi
édit- ↑ LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten
- 1 2 (id) Pagar, Gali kata alkitab dalam tinjauan tulisan ibrani kuno (diakses 24 oktober 2011)
- 1 2 3 4 5 (id) Rawat Pagar Kayu Agar Tetap Cantik!! Archived 2011-11-11 di Wayback Machine (diakses tanggal 24 Oktober 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |