Kujang
Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon Sunda.[1] Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja sarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram. Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkeun seukeutna anu miboga lambang kakuatan dina kahirupan sarta wawanén pikeun ngadegkeun bebeneran.[2]
| |
| Jenis | Pakarang Tradisional / Pakakas Tatanén |
|---|---|
| Asal | Tatar Sunda, Indonésia |
| Bahan | Beusi, waja, sarta pamor |
| Fungsi | Simbol identitas, pakarang, jimat |
Wangun
éditKujang anu sampurna mah miboga kalengkepan anu ilaharna ngawengku sababaraha bagian di antarana :
- Papatuk atawa congo, nyaéta bagian congona méncos, biasana sok dipaké pikeun nyokél.
- Eluk atawa siih, nyaéta eluk-eluk dina waruga kujang anu gunana pikeun mencabik-cabik awak lawan.
- Waruga nyaéta awak atawa sabudeureun kujang.
- kujang panon nyaéta liang leutik anu aya dina waruga anu jumlahna rupa-rupa, ti 5 nepi ka 9 liang. Aya ogé kujang Panu euweuh panonan disebut kujang buta.
- Tonggong, nyaéta sisina seukeut anu perenahna aya dina tonggong kujang.
- Tadah, nyaéta eluk leutik anu perenahna di belah beuteung kujang.
- Aksi, nyaéta buntut kujang anu bentukna léncop.
- Combong, nyaéta liang anu perenahna aya dina gagang kujang.
- Ganja atawa landaian nyaéta sudut nu léncop anu mangaruhan ka belah sisi kujang.
- Kowak atawa sarung kujang anu dijieunna tina kai samida anu miboga ambeu anu has tur bisa nambahan perkara goibna.
- Pamor bentukna guguratan (sulangkar) atawa tutul anu aya gambaran dina luhur waruga kujang. Sulangkar atawa tutul dina waruga kujang, miboga ajén artistik pikeun neundeun racun.[3]
Filosofi
éditKecap "Kujang" asalna tina kecap Kudihyang (Kudi sarta Hyang). Kudi hartina pakakas anu miboga kakuatan gaib, sedengkeun Hyang hartina Gusti atawa Déwa. Sacara filosofis, kujang ngalambangkeun kakuatan anu asalna tina kasucian sarta pananggeuhan ka Nu Maha Kawasa.[4]
Rupa-rupa kujang
éditDumasar kana jelema nu mibogana
éditAya genep macem kujang anu nyirikeun darajat jelema nu mibogana.
- Kujang ciung anu biasa dipaké ku raja, bangsawan, kokolot.
- Kujang kuntul anu biasa dipaké ku patih.
- Kujang jago (bentukna jiga hayam jago) anu jadi pakarang andelan panglima perang. #Kujang bangkong anu biasa dipaké ku guru jeung para ahli.
- Kujang badak.
- Kujang naga anu biasa dipaké ku para demang.[5][6]
Dumasar kana kagunaan
éditAya parobahan dina wangun jeung fungsi kujang sajalan jeung kamajuan téhnologi, budaya, sosial jeung ékonomi masyarakat Sunda. Kujang anu awalna jadi pakakas pertanian[7], ayeuna geus robah jadi pakarang anu disakralkeun. Dumasar kana fungsina, kujang téh aya opat jenis nyaéta:
- kujang pusaka anu nyimbolkeun kaagungan jeung kasalametan,
- kujang pakarang anu biasa dipaké keur perang,
- Kujang pangarak anu biasa dipaké keur upacara
- kujang pamangkas anu jadi pakakas andelan ngahuma.[8]
Bahan jeung Pamor
éditKujang anu kualitasna luhur dijieun tina campuran beusi, waja, sarta bahan pamor (meteorid). Proses ngadamelna dipidamel ku saurang Empu kalayan ngaliwatan rupa-rupa ritual sarta puasa supados miboga "eusi" anu luyu sareng karakter nu gaduhna.
- Gambar
- Kujang
- Tugu Kujang di Bogor
- Tironan kujang jang oléh-oléh
Baca ogé
éditDicutat tina
édit- ↑ Garuda Eduka, I Made (2021). Modul Resmi PPPK Non-Guru - Pranata Komputer 2021-2022. Jakarta: Cmedia. hlm. 107. ISBN -. ;
- ↑ Indonesia, Ensiklopedia. "Kujang: Jati Diri Pusaka Tanah Pasundan". Diaksés tanggal 12 Juli 2022. Archived 2022-07-12 di Wayback Machine
- ↑ Budaya, Sejarah. "Mengenal Bagian dan Filosofi Pusaka Kujang Khas Pajajaran". Diaksés tanggal 12 Juli 2022. Archived 2022-07-12 di Wayback Machine
- ↑ Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat. "Mengenal Kujang Pajajaran".
- ↑ Nugraha, Sigit Wahyu (2017). Potret Negeriku: Budaya Unik. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 113. ISBN 978-602-424-238-1.
- ↑ Intan, Ruhaeni. "Mengenal Kujang, Senjata Tradisional dari Tlatah Pasundan". Diaksés tanggal 12 Juli 2022.
- ↑ Nurfaiziah, Fida. "Kujang: Senjata Tradisional Spiritual dari Jawa Barat". museumnusantara.com. Diaksés tanggal 12 Juli 2022.[tumbu nonaktif]
- ↑ Kemdikbud, Dirjen Kebudayaan. "Kujang". https://kebudayaan.kemdikbud.go.id/. Diaksés tanggal 12 Juli 2022.
| Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |