ISO 4217 téh hiji standar anu dipedal ku Organisasi Internasional pikeun Standarisasi (ISO), anu boga hak ngadéfinisikeun mata uang, kode nagara (alfa jeung numérik), sarta rujukan-rujukan pikeun unit-unit leutik nu kabagi kana tilu tabél:[1]

  • Tabél A.1 – Daptar kode mata uang & logam hargaan kiwari[2]
  • Tabél A.2 – Kode logam mahal, sapertos emas (XAU), pérak (XAG), paladium (XPD), sarta platina (XPT).[3][4]
  • Tabél A.3 – Daptar kode pikeun historis dénominasi mata uang & logam hargaan[5]
Tikét anu mintonkeun rega maké kode ISO 4217 "EUR" (kénca handap) jeung lain maké simbul mata uang

Standar ieu miboga tujuan pikeun nyadiakeun kode anu sarua (universal) sangkan teu aya kabingung nalika aya transaksi kauangan unggal nagara.[6] Unggal kode dina ISO 4217 biasana diwangun ku dua aksara kode nagara dumasar kana standar ISO 3166-1 alpha-2, ditambah hiji aksara awal nami mata uangna.[7]

Tabél, sajarah jeung lumangsungna sawala téh dikokola ku SIX Interbank Clearing minangka bagian ti ISO jeung Asosiasi Swiss pikeun Standarisasi.[8][6]

Daptar kode ISO 4217 dipaké di perbankan jeung sakumna bisnis.{{[6]}} Di sawatara nagara, kode-kode mata uang éta geus remen dipiwanoh sangkan niléy kurs anu dibéwarakeun di surat kabar jeung bank ngagunakeun kode-kode ieu tinimbang ngaran mata uang anu geus ditarjamahkeun atawa simbul mata uang lianna.{{[6]}} Pamakéan ISO 4217 kacida pentingna dina widang perbankan, bisnis internasional, sarta tikét pesawat pikeun mastikeun nilai tukeur mata uang diitung kalayan bener.[1] Standar ieu ogé ngatur jumlah angka di tukangeun koma (decimal places) pikeun unggal mata uang, contona Rupiah (IDR) anu teu nganggo sén, béda jeung Dollar AS (USD) anu nganggo dua angka di tukangeun koma.[6]

Kode anu dimimitian ku aksara "X" dipaké pikeun mata uang atawa komoditas anu sipatna "supranasional" atawa henteu kabeungkeut ku hiji nagara tinangtu.[9] Badan anu tanggung jawab pikeun ngokolakeun sarta ngamutahirkeun daptar kode ieu nyaéta SIX Financial Information anu miboga mandat ti ISO.[10]

Rujukan

édit
  1. 1 2 "ISO 4217 Currency codes". International Organization for Standardization. Diaksés tanggal 2026-04-20.
  2. Current currencies & funds
  3. Current funds
  4. "Precious Metals Codes". London Bullion Market Association. Diaksés tanggal 2026-04-20.
  5. Historic denominations
  6. 1 2 3 4 5 "Maintenance Agency of ISO 4217". SIX Financial Information. Diaksés tanggal 2026-04-20.
  7. "Currency Codes ISO 4217" (PDF). World Intellectual Property Organization. Diaksés tanggal 2026-04-20.
  8. SIX Interbank Clearing
  9. "Recommendation No. 9 Alphabetical Code for the Representation of Currencies". United Nations Center for Trade Facilitation. Diaksés tanggal 2026-04-20.[tumbu nonaktif]
  10. "Maintenance Agencies and Registration Authorities". ISO. Diaksés tanggal 2026-04-20.[tumbu nonaktif]