Gepuk (atawa sok disebut ogé empal) nyaéta jinis kadaharan anu bahan poko nyieunna tina daging (ilaharna mah daging sapi), nu saterusna disamaraan ogé dikulub mangjam-jam, geus kitu kakara wéh digoréng.[1] Dina kahirupan sapopoé, gepuk téh kadaharan nu sok disuguhkeun minangka deungeun sangu.[1] Gepuk atawa empal téa anu pangkakoncarana mah nyaéta gepuk asal Kota Bandung, nikakeun ku urang deungeun mah gepuk téh dianggep minangka kadaharan has tatar sunda.[2] Margalantarannana mah nyaéta ku sabab rasana anu sedep tur dagingna hipu, gampang digayemna ogé henteu liat.[3][4][5]

Empal Gepuk
Empal gepuk khas Sunda anu ditaburan bawang goréng.
Empal gepuk khas Sunda.
Tipe Olahan daging
Asal Sunda/Jawa Kulon
Bahan utama Daging sapi
Bumbu utama Santan, gula beureum, katuncar, muncang, laja
Cara masak Dikulub (diungkep) dugi ka hipu, lajeng digepuk, terus digoréng sakedap
Panyajian Diawuran bawang goréng
Pasangan Sangu haneut, sambel tarasi, jeung lalab

Cara Nyieun Gepuk

édit
  1. Bahan sasadiaan[6]:
  2. Prak-Prakan[6]:
Cutatan[6]:
*Pikeun dagingna, alusna mah milih bagéan pingpingna kusabab rada kasar sangkan daging gampang dipeupeuhanna.[6]
*Supaya samarana bener-bener nyerep, sanggeus diolahkeun jeung santen téh peutingkeun heula dagingna seret sapeuting mah.[6]
[5]


Babasan

édit

Sakapeung, istilah gepuk téh ku urang Sunda mah sok dijieun guyonan.[7] Nyaéta minangka istilah jeung paribasa mun dahar euweuh nanaon, cohagna mah ngan ukur jeung kurupuk hungkul.[7] Gepuk téh diguyonkeunna nyaéta minangka singgetan tina “gep kurupuk-gep kurupuk”. Hartina pas unggal dahar téh ngan jeung kurupuk deui waé.[7] Ieu singgetan lain singgetan asli, mung jadi kirata lamun keur teu bararoga deungeun sangu.[7]

Rujukan

édit
  1. 1 2 Chotimah, Husnul. 2006. Analisis Perilaku Konsumen dan Atribut Ideal Makanan Tradisional Gepuk dan Ikan Balita Karuhun serta Implikasinya Terhadap Strategi Pemasaran. Bogor: IPB.
  2. resepmasakankreatif.blogspot.com. 2013. Resep Empal Gepuk Daging Sapi Bandung. Blogger: Resep Masakan Kreatif.
  3. in-resep.blogspot.com. 2014. Resep Empal Gepuk Gurih dan Empuk. Blogger: IN Resep.
  4. Agribisnis Kreatif: Pilar Wirausaha Masa Depan, Kekuatan Dunia Baru Menuju Kemakmuran Hijau. Penebar Swadaya Group. 2012. ISBN 9789790025288. ; ;
  5. 1 2 Tim, Dapur Demedia (2007). Aneka Masakan Sunda. Jakarta: DeMedia. hlm. 5. ISBN 9789791471015.
  6. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 www.umieabie.com. 2014. Resep Gepuk Sunda Enak. Blogger: Umie Abie Archived 2018-10-14 di Wayback Machine.
  7. 1 2 3 4 Sumarsono, Tatang. 1995. Mahér Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.